Siapa Elo?
Harita teh masih harengheng ku reformasi. Soeharto geus turun. Digantikeun ku
Habibie. Sawatara aktivis kasampak keur guntreng. Nyawalakeun soal pemilihan
langsung jeung saha-sahana nu pantes dicalonkeun jadi Presiden. Habibie
sorangan geus pasti dicaroret ku maranehna. Da, manehna pan "Orde Baru" jeung
"Orang Soeharto" pisan.
Sabenerna mah rada aneh oge "larangan" keur Habibie teh. Pan, kuduna, mun
urang tuhu kana demokrasi, saha bae ge meunang atawa boga hak nyalonkeun dirina
jadi Presiden. Dalah garong ge, ceuk babasananna, meunang. Asal nyumponan
sarat-saratna. Tapi, ngaranna ge "reformasi". Eta larangan teh "asup akal" oge.
Kuring pangangguran nanya saha-saha bae ngaran nu geus disebut dina eta
obrolan teh. Sawatara ngaran disebut ku maranehna. Ti mimiti ekonom, pengamat
politik, aktivis HAM, nepi ka seniman. Kuring nyengir ngadenge kitu teh. Lain
nanaon, nu kasawang ku kuring, mun tea mah sistem pemilihan langsung rek
dilaksanakeun, saha nu rek marilih eta inohong-inohong? Di Jakarta, atawa di
kalangan maranehna, atawa di kalangan "terpelajar" tea, eta ngaran teh matih.
Tapi di jalma loba mah can karuhan.
Ningali kuring nyengir, nu saurang asa aya nu mangmeunangkeun. "Tuh, kan?,"
ceuk manehna. Tayohna, eta budak teh ti tatadi skeptis jiga kuring. Lain
perkara pamohalan heunteuna, tapi, nya teu realistis bae. Paling heunteu, mun
tea mah ngaran-ngaran eta rek "ditawarkeun", butuh mesin politik nu hade, nu
oge hartina butuh dana nu gede. Keur "mensosialisasikeun" ngaran-ngaran tadi.
Tapi, lawan eta budak, di antarana nu karek lulus sakola di Inggris, keukeuh
kana pamanggihna. Lian ti nyebut lolongkrang ngadegkeun partai politik anyar,
maranehna yakin jaringan LSM jeung aktivis, oge media, bakal ngadukung eta
calon. Malah, budak nu karek datang ti Inggris mah keukeuh, yen seniman nu
diusulkeun ku manehna dipikawanoh ku jalma loba. "Tiap minggu dia nulis di
majalah," ceuk manehna, nganggap tiap jelema Indonesia maraca -- utamana maca
majalah nu disebutna, bari di mana maraca eta majalah ge, can tangtu maca
tulisan eta inohong. Tayohna, manehna kagendam ku Vaclav Havel, penyair nu
manggung jadi presiden di Ceko.
Sabalikna, budak nu asa dipangmeunangkeun tea, keukeuh teu percaya. Sanajan
geus dibantuan ku partai, LSM, jeung media ge, manehna yakin yen
inohong-inohong tadi moal matih. Moal loba nu milih. Hartina, mun rek dilakonan
teh karah ka gaplah. Euweuh gunana. "Kalaupun mau, butuh kampanye intesif dua
atau tiga tahun. Itupun harus disertai tim kampanye yang bagus," ceuk manehna.
Ningali kitu, deui-deui, pangangguran kuring ngomong: "Test saja. Bawa
calon-calon Anda itu jalan-jalan ke daerah. Orang kenal mereka, nggak?" ceuk
kuring.
Teu nyana, omongan pangangguran teh ditarima ku maranehna. Mani giak. Maklum
aktivis, harita keneh maranehna ngatur kumaha prak-prakannana. Saha ngahubungi
saha, saha ngagawekeun naon, jste. Kuring sorangan teu ulubiung. Harita keneh
balik, inget boga sabaraha film nu can dilalajoan. Ongkoh, ka tempat eta teh
pangangguran bae. Euweuh gawe. Pon kitu deui milu mairan obrolan nu nyampak.
Teu nyana, dua atawa tilu poe ti harita, aya nu nelpon. "Kang, besok kita
jadi, lo. Anda ikut, kan?," ceuk eta nu nelepon. "Ikut apa?," ceuk kuring. "Lo,
gimana? Anda sendiri yang ngusulin, kok?," ceuk manehna, bari nyabit-nyabit
obrolan sawatara poe ka tukang. Ceuk manehna, ku dibibita ulin jeung
refreshing, sawatara inohong nu kamari disebut-sebut teh daraekkeun diajak
jalan-jalan. Kaasup nginjeumkeun mobil, supir, jeung (tangtu bae) bengsinna.
"Pokoknya beres, Kang. Besok kita start jam 7," ceuk manehna.
Pondok carita, isukna kuring geus nyemprung di toll Cikampek. Dua inohong, nu
teu kaasup "calon", ekonom jeung pengamat politik, ngarilu dina mobil kuring.
Aranjeunna, cenah, wegah ngangge mobil ku anjeun. Lima mobil lianna, nu
naluturkeun, ditarumpakan ku "calon-calon" lianna. Teu kabeh nu disebut dina
paguneman nu kabandang ku eta barudak teh. Ngan aya tiluan: Si seniman, ekonom,
jeung aktivis HAM.
Geus paheut, tempat nu dijugjug teh Cirebon. Ngan, jalanna muter. Teu ka
Pantura. Mengkol heula ka Purwakarta, naek ka Wanayasa, turun ka Sagalaherang,
lempeng ka Kasomalang, Cisalak, Tomo, Kadipaten, Jatiwangi, Ciledug. Ku kuring
rek dibawa sare di Trusmi. Kabeneran aya kawawuhan nu keur riset di dinya,
ngontrak imah heubeul nu lumayan gede. Di mana teu cukup ge, atawa ngarasa
sareukseuk ningali kaayaan eta lembur, sawareh sina ka karota bae. Sina
nareangan hotel, ngatur diri sewang-sewangan. Bongan.
Di Wanayasa rombongan eureun. Ngadon ngopi jeung ka cai. Malah aya nu ngadon
dahar sagala. Pajarkeun teh, basa rek miang teu kaburu mumuluk heula. Padahal
mah teu kuat bae ningali maranggi nu pating polotot, adu manis jeung beuleum
ketan.
Siga nu dipaheutkeun di Jakarta, kuring sabatur-batur teu meunang narik
perhatian nu kaleuleuwihi. Komo, nu sipatna ngojok-ngojok atawa sarupaning
"kampanye" mah. Pokona, ieu mah ulin bae. Sakalian ngetest, naha jalma loba
nyarahoan atawa warawuheun heunteu ka na beungeut eta para inohong. Cukup
beungeut. Ku angkanan, mun nyaho beungeutna, pasti nyaho kana "kainohongan"
aranjeunna.
Hasilna? Nyamos. Euweuh saurang-urang acan jelema nu mere perhatian leuwih ka
eta inohong-inohong teh. Boh di restoran, di pasar, di tempat ngompa ban, atawa
di Trusmi pisan. Di mana aya ge, nya sailaharna tukang warung ngaladenan nu
meuli bae. Teu harib-harib kana nyaho yen jalma nu diladenannana teh inohong
penting -- keur sawatara urang Jakarta mah. Paling ge perhatian nu aya teh
perhatian ilaharna urang lembur ningali rombongan urang kota, nu nepi ka genep
mobil. Teu leuwih, teu kurang.
Nu lucu, bari matak ngahelas, kajadian di Kadipaten. Mangsa rombongan dahar
beurang. Geus kaerong ti anggalna, rombongan nu nepi ka 18 jalma teh moal
cukup di hiji meja. Kabeneran, si seniman, nu mashur di antara aktivis jeung
intelektuil lianna, misahkeun maneh. Katingalna mah nampi telepon atawa
nelepon. Atuh, nu ngaladenan ge mikeun dahareun teh ka meja anjeunna. Anjeunna
ge teu seueur saur, beres teteleponan, bari tuangeun tos nyampak, am bae tuang
di dinya. Nyalira.
Keur anteng tuang, torojol tukang parkir asup. Nyampeurkeun meja si seniman
tadi. "Mas Supir, mobilnya bisa digeser sedikit? Ada yang mau masuk!," ceuk si
tukang parkir, mani tarik. Ngadenge kitu, atuh kabeh carolohok meunang
sajongjonan mah. Kaasup si seniman. Teu lila, ger seuri meh eak-eakan. Budak nu
ngarasa mobilna ngahalangan nangtung, ngayonan pamenta si tukang parkir nu
rungah-ringeuh bari bangun bingung. Si seniman ukur mesem, bari gogodeg.
Tina kituna mah kaharti. Eta inohong teh, sanajan sok ngangge raksukan nu
cenah kaetang branded, bari sakapeung sok nyesep surutu, kawilang basajan. Da
seniman tea -- meureun. Nepi ka awam mah sok katipu. Komo mun anjeunna nuju teu
parurun mah. Kucel, kerung, bari lambey manyun. Moal nyangka yen anjeunna teh
jalma penting, lain bae "dipikawanoh" di urang tapi oge di mancanagara. Lian ti
kitu, harita anjeunna ngadon misahkeun anjeun. Atuh, inohong nu ku sawatara
jalma dihormat didama-dama teh, ku si tukang parkir mah, dianggap supir.
Basa rek hanjat ka nu mobil, budak nu baheula asa dipangmeunangkeun noel
leungeun kuring. Bari ngareret ka "lawan-lawanna", manehna mesem jeung
ngaharewos. "Emang, siapa elo?," ceuk manehna. Kuring surti pisan kana polah
eta budak: Urang remen ditalikung ku pangaweruh, lingkungan jeung pangalaman
sorangan. Nepi ka, sakapeung, ngarasa ge-er. Asa pangna... Kituna teh bari
nyapirakeun batur.
Enya di lingkungannana mah, sarupaning cerdik cendekia tea, eta inohong teh
dipikawanoh bari jeung didama-dama pisan. Malah teu sirikna dianggap dewa.
Tapi, keur tukang parkir mah, nya dianggap ilaharna supir bae. Pon kitu deui si
tukang parkir, sarua: Kakurungan ku pangaweruh jeung lingkunganana tea. Keur
manehna mah, meureun, inohong teh taya lian ti sarupaning Camat, Lurah, kiai,
jeger pasar, juragan pabrik kenteng, atawa reserse ti kantor Polres, nu sok
pirajineun mere udud atawa menta udud. Di luar eta, nya... siapa elo?
Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
---------------------------------
Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new
and used cars.
[Non-text portions of this message have been removed]
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/