Heureuy Enya, Heueuh Ongkoh
  (Keur sawatara surat jeung komentar #1)
   
  Pakait jeung pangacaprukan kuring sawatara minggu ieu, aya sabaraha serelek 
nu asup kana koropak kuring. Eusina rupa-rupa. Aya nu sakadar hayang 
silaturahmi, aya nu nanya leuwih jauh ngeunaan prak-prakkan nulis, kaasup 
nanyakeun naon nu kira-kira kudu ditulis ku manehna. Malah, aya oge nu 
patanyaanna kawilang orsinil atawa "genuine" tea: Dina waktu kumaha alusna 
urang nulis? Geu puguh nu nanyakeun naon pagawean kuring sabenerna. Eta 
bae,cenah, ku bisa-bisana ngacapruk nepi ka ngayayay kitu. Aya oge nu ngadon 
ngananaha atawa "nyarekan" pisan. Ku naon kuring teu nulis dina koran atawa 
media nu ilahar lianna. "Pan, akang wartawan. Minimal pernah gawe di majalah," 
kitu ceuk eta surat.
   
  Hanjakal di antara sawelas surat teh euweuh nu nanyakeun nomer rekening 
(listrik) atawa mere order nulis atawa ngengken seminar. Teuing teu nyaho, 
teuing teu percaya, teuing minder, sieun teu kuat mayarna, atawa medit pisan. 
Teuing. Komo, nu ngajak kawin mah. Euweuh saurang-urang acan. Padahal, di 
antara nu nulis surat teh tujuh di antarana mah (kacirina) awewe, jeung 
pantesna teh gareulis jeung sareungit. (Dimana aya ge nu ngajak kawin, nu kitu 
mah rek...ditarima! Bae dimusuhan ku Bah Willy jeung Teh Imas ge).
   
  Saencan kuring ngacapruk ngeunaan hal eta, idinan kuring menta hampura jeung 
nganuhunkeun. Menta hampura, kahiji, rumasa teu bisa males kabeh surat. Lain 
teu hormat, ngan pegel we mun kudu ngawalonan hiji-hiji mah. Sawatara surat 
lianna ge, nu leuwih heula datang, jeung "leuwih penting", masih keneh aya nu 
can dijawab. Nya, ku cara males berjamaah kieu eta surat teh dijawab jeung 
dikomentarannana. (Ka Teh Gilang di Nyi Sunda, hapunten pisan kamari lepat 
nyerat nami. Oge, punten ayeuna disebat-sebat deui di dieu. Sanes nanaon, nya 
ku hoyong we...).
   
  Kadua, kuring menta hampura pedah rumasa munapek. Munapekna? Nya, munapek 
bae. Dina pangacaprukan kuring salila ieu, langsung teu langsung kuring 
nyebutkeun mangpaat atawa kaleuwihan milis nu miboga sipat langsung, dua arah, 
spontan, personal, jste. Tapi, prak-prakannana kuring sok siga nu api lain kana 
pananya atawa pangbagea batur. Malah, sok tinggaleun informasi pisan. Kaasup 
soal pasamoan di Dago Tea House. Nyaho teh bane bae Kang Agus nga-SMS. Bari 
kuringna teu bisa datang. Aya pagawean nu kudu rengse poe Senenna.
   
  Polah kieu teh taya lian ku arangna kuring browsing ka milis. Kaitung remen 
ari muka email mah. Ngan, lian teu bisa lila-lila teh, sakalina muka, sok 
pasesered jeung perkara lianna. Boh perkara nu pakait jeung nyiar kipayah, boh 
nu pakait jeung nyiar kutu. Atuh, rek noongan teh kaburu belel panonna. Jeung 
deui teu arang muka emailna ge ngandelkeun kahaat pamajikan. Tina HPna. Teu 
bisa browsing pisan.
   
  Ari dina mimilisan ieu, umumna kuring make modus no-email. Atuh kuring teu 
bisa three in one  jeung nu lianna. (Naon maksudna three in one di dinya? Tong 
dipikiran teuing. Nyebut eta teh pedah bae inget, nyambung heunteuna mah 
teuing. Ngaranna ge ngacapruk. Busway!).
   
  Tangtuna lain niat kuring nyapirakeun kusnet ku make cara no-email kitu teh. 
Atawa kuring teu resep ngabandungan wangkongan nu aya. Resep pisan. Sanajan, 
enya, rumasa teu bisa ngilu mairan atawa ngengklokan.
   
  Ngan, nyaeta teu kuat ku murudulna. Eukeur mah, pan tadi tea: eemailan teh 
pakepuk jeung pagawean. Beda jeung Kang Agus, nu boga alamat email nepi ka 
leuwih ti lima, dina hal ieu, kuring mah tuhu kana pituah Bah Willy. Lain dina 
perkara pamajikan, tapi dina perkara alamat email: Ngan boga hiji. Aya ketang 
hiji deui tapi leuwih arang dibukana. 
   
  Tuh, pan? Dasar tukang ngacapruk. Rek menta hampura bae karah ka ngawadulkeun 
perkara alamat email jeung soal pamajikan sagala. Tapi, jeun teuing. Da, beuki. 
Jeung sirik we ka MJ jeung Kang Boim, nu bisa nulis pondok tapi alus. Geus 
puguh ari ka Kang Syam mah. Lian ti alus teh, sagala rupa bisa diheureuykeun.
   
  Antukna, dina perkara mimilisan tea, kuring milih modus no-email. Teu kuat ku 
murudulna. Eta bae kamari nyobaan make daily diguest di gankleboy. Sapoe teh 
aya kana opat limana. Atuh, cape nga-delete-na. Komo mun urangsunda mah. Geus 
apal ti baheulana. Ditinggalkeun 10 menit ge, baheula, keur mimiti ngiluan, 
geus metet koropak teh. Nepi ka Mas Noorca (M.Massardi) mah, urang Sunda 
hiji-hijina nu kuring disebut Mas, ngan kuat saminggu ngilu urangsunda teh. 
"Kok, banyak amat, Man?," ceuk manehna, antara reuwas jeung bingung.
   
  Ayeuna, nu sok rada dihajakeun noongan  teh Ki Sunda jeung Baraya-Sunda. Bane 
bae di dinya aya Kang Rahman, nu ceuk kuring, rada luar biasa. Aya karep 
ngahijikeun baraya di luar nagri, ku cara mere informasi ngeunaan kaayaan 
nagara urang. Mostingkeun warta-warta ti koran-koran lokal jeung nasional. Alus 
pisan, ceuk kuring mah.
   
  Sabab, nu kaharti ku kuring, kumna nu ngilu eta milis, bari jeung teu bisa 
atawa teu kaburu maca koran, paling heunteu teu kudu mukaan website eta koran. 
Cukup muka email atawa Baraya-Sunda. Warta-warta nu dianggap penting geus 
disampakkeun ku Kang Rahman. 
   
  Lian ti kitu, kumna anggota bisa silih simbeuh ku komentar jeung pamanggih 
sewang-sewangan. Hartina oge, wangkongan teh bisa dipancing ku atawa ngeunaan 
naon nu nyampak dina atawa disampakkeun ku koran. Ayalah istilahna dina elmu 
komunikasi mah, ngan kuring keur poho. Jeung kateuteuari ngapalkeun istilah ari 
teu ngarti mah! Ongkoh ieu mah ngacapruk. Sanajan aya sari-sari benerna, leuwih 
loba heureuyna.  Heureuy enya, heueuh ongkoh.
   
  Intina mah, ceuk eta istilah, aya proses diskusi jeung internalisasi dina 
diri nu maca ngeunaan informasi atawa beja nu ditepikeun ku media, nu 
disodorkeun deui ku Kang Rahman di Baraya-Sunda.  Paling heunteu, ku cara siga 
nu dilakukeun ku Kang Rahman eta, urang moal beakeun wangkongan. Sakaligus teu 
ngacapruk teuing. Da kawengku ku topik nu disodorkeun ku koran atawa Kang 
Rahman. Kitu ge meureun, ketang. Boa-boa maksud Kang Rahman mah teu 
"muluk-muluk" siga kitu. Pangangguran bae, siga kuring ayeuna nyieun 
pangacaprukan kawas kieu. Heureuy enya, heueuh ongkoh.
   
  Ari noongan Ki Sunda, pedah bae aya paguneman Kang Rahman jeung Kang Nana. 
Ngeunaan Partey Politik Sunda. Ngan, kamari ditingal teh masih keneh jalan di 
tempat. Kumaha, Kang Rahman? Teraskeun ulah ieu teh? Asa lebar, tah. Malah, aya 
salah sahiji serat nu nyebatkeun, pajar teh abdi aktivis jeung politisi? 
Hahaha... Alhamdulillah.
   
  Kukituna, kuring nganuhunkeun ka sugri nu tos kersa ngintun serat kana 
koropak sim kuring. Ngan, bongan tadina dina milis, bari tetep teu ngurangan 
hormat kuring ka aranjeunna, nya urang wangsulkeun deui bae kana milis. Moal, 
moal naon-naon. Ongkoh: Sekali cuek, tetap beybeh! Insya Allah namina moal 
disebat-sebat. Ari lain poho mah!
   
  Har, ongkoh rek mairan pananya jeung komentar?  Nya, heueuh. Pan ngacapruk? 
Kuma kuring we. Jeung deui, soal pananya  jeung komentar mah engke bae. Dina 
pangacaprukan ka hareupna. Mun pareng. Barina ge siga kiamat rek datang isuk, 
sagala teh kudu anggeus ayeuna. Dicarekan Gus Dur, siah!
   
  Ayeuna mah sakieu bae heula. Lian ti bisi panjang teuing teh, itu si bungsu 
geus jejebres bae ti tatadi. Hayang dibantuan ngagawean PR. Ma'lum sakola jaman 
ayeuna, geus mahal-mahal kaluar duit, keukeuh we urang kudu milu cape. Nyaho 
kitu mah teu kudu diasupkeun sakola sagala. Mending...
   
  Geus, ah. Bisi si Teh Tien kabujeng bendu.




Maman Gantra
Jalan Salemba Tengah 51,
Jakarta 10440.
0812-940-5441
                
---------------------------------
Yahoo! Photos – Showcase holiday pictures in hardcover
 Photo Books. You design it and we’ll bind it!

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke