Waluya <> wrote:     Kang Yudi nyebatkeun Islam
 teu ngadukung Kapitalisme.  Cobi ah dibahas didieu ...............ngarah
 kuring jeung baraya nu sanesna "kacerahkeun".
 
>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>>

Haturan Kang Wly,

Rek miluan baceo ah... lain ari ngarti mah, pedah sok resep pipilieun we. Komo 
urusan ismeu2 mah.... sok segut, ngarah kaismeuan we ketah he he he.

Rek nurutan oge nya Kang, teu nanaon? Rek ngajujut heula asal-usul ieu kecap.

'Kapital' teh asalna tina kecap Laten (deui bae!) 'capitale' = kapimilikan, 
kompensasi. Ieu kecap aya hubungananan jeung kecap 'caput' anu hartina 'hulu', 
'sirah', 'pangkal', 'sungapan(?)'. Bandingkeun jeng kecap 'kapiten' atawa 
kapten he he he. Oge....Sigana mah sarerea oge apal kana huruf kapital mah nya!

Ceu Kang Wly tea mah definisina teh.... Cutat:

"Jelema nu loba duit, nu bisa ku maranehna diinjeumkeun ka batur atawa 
digunakeun dina perdagangan keur ngahasilkeun leuwih loba duit deui"......

Akur Kang... ah. Hiji jelema boga milik (rajakaya), terus digolangkeun sangkan 
rajakayana teu beak... tapi nambahan. Ku rupa2 cara. Conto anu paling gampang 
mah. Tukang dagang di pasar. Boda modal leutik, digolangkeun... neangan untung 
leuleutikan. Tah, apan eta ge kaasup kana kelas kapitalis lin? 

Anu kieu positif atawa negatif?

Ari ceuk kuring mah positif pisan! Sabab ieu teh mangrupa kakuatan kajiwaan 
manusa anu ngupayakeun kamajuan (ekonomi) keur dirina sorangan.

Bangsa2 anu make sistem kapitalismeu  apan mala'mur geuning?

Naha istilah kapitalismeu boga nada2 negatif? Sigana mah kudu malikan ka jaman 
revolusi industri di Kulon. Harita mah payung hukum jeung UU anu nangtayungan 
kelas pagawe apan euweuh atawa can aya. Tah... hak2 pagawe direduksi minimal 
pisan! 

Kulantaran kitu, jadi weh ieu sistem teh dianggap negatif. Da memang keur kelas 
pagawe mah jadi ripuh.

Kaayaan kieu di Kulon teh ngaluarkeun reaksi anyar.
 
Hiji. Mucunghulna sistem sosialismeu/marxismeu anu gagal tea.
Dua. Dijieun na UU sosial (di Kulon utamana mah)anu nangtayungan hak2 kaum 
pagawe.

Meureun ieu ge ketah.... ;))



Baktos,

Rahman, Wassenaar/NL
                        
---------------------------------
 Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new 
and used cars.

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke