Waleran kang Yudi Irmawan anu ayeuna nuju sakola Akuntansi di Bradford, Inggris, mangga nyanggakeun :
-------------------- Wah janten balik deui ka nu dasar atuh panginten nya Bah, tapi teu nanaon ngarah jentre sareng 'sama persepsi' ceuk bahasa Orba mah hehe.. Intisari/dasar paham kapitalisme leres tiasa dirunut dugi ka jaman Romawi, sanes ka urang Arab zaman awal abad pertengahan wungkul. Paham ieu mucunghul tina aktivitas distribusi barang (dagang) pikeun nyiar kauntungan. Paham tukang dagang ieu disebat mercantilisme. Sanaos dasarna sami,paham ieu teh benten sareng kapitalisme numutkeun pangartian ayeuna. Istilah kapitalisme ayeuna lahirna dinisbahkeun ka zaman pencerahan Eropa (1500-1600-an; Dupi urang Portugis dongkap ka Indonesia taun sabaraha nya?). Zaman eta mercantilisme mulai dianut ku urang eropa nu mulai dagang kamamana. Bentenna sareng mercantilisme Islam? Sadaya panginten terang, urang Arab (Islam) mah dagangna teu ngangge bedil. Ari urang Eropa? Tapak bedil sareng meriemna urang Eropa panginten aya di mamana.Makana ceuk abah Lenin mah kolonialisasi jeung imperialisasi teh karya agung-na kapitalisme. Langkung ti eta, paham mercantilisme ditambihan ku urang ditu. Kahiji, praktek ngumpulkeun faktor produksi (taneuh jst) di SAWATARA jelema (kapitalistea) dianggap sah. Kadua, buruh (jelema) disarukeun jeung mesin: gawe pikeun DUIT lain pikeun nyieun barang (janten kuli sanes jantenwirausahawan). Nu katilu, itung2an rasio dipentingkeun pisan dina ngudag untung. Kulantaran paham ieu bentenna tos tebih pisan janten we dipasihan nami enggal: KAPITALISME. Kadieukeun kapitalisme dianggap bisa jadi waleran tur strategi/cara hirup pikeun ngamajukeun hiji masarakat, sanes wungkul sistem di ekonomi/bisnis.Cara hirup ieu ditandaan ku: ngagungkeun individualisme (logika maranehna: mun individu dibebaskeun ngudag kahayangna, masyarakatna bakal sentosa); kasejahteraan (material) jadi tujuan utama; analisis2ekonomi bebas tina disiplin lain (adat, agama, etika,politik jst);ekonomi dianggap tunduk kana hukum mekanis siga mesin (bisa diitung);mentingkeun budaya konsumsi tur teu mirosea hubungan sosial antawisjelema (produsen jeung konsumen). Langkung jentrena ngeunaan sajarah kapit ieu salah sawiosna tiasa dibaca di dieu. Punten ah bilih panjang teuing tur sanes bade mamatahan ngojay ka meri, tapi ari pamendak abdi mah tina ciri2na wae tos jelas Islam teh teu cocok sareng kapitalisme? Palih mana nya? Ah duka Baktos Yudi --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Eh ............janten ngacapruk kamana-mana. Tapi ieu teh hoyong naroskeun > antara Islam sareng Kapitalisme nu disebat ku Kang Yudi. Urang Arab tos http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
