Walaikum salam, wilujeng nepangkeun kang Rahman Nyuhunken dihapunten kana bahan nu tos kawaleran tadina di ieu milis, kuring teu acan mahir ngartoskeun ka dasar-dasar kaagamaan Islam.
Kang Rahman helok yen taya teks dina Qur'an mah anu sacara eksplisit ngalarang manusa ngagambar(keun)Nabi; ieumah teori kuring dupi eta poin. Panginten eta larangan teh saleresna dilarang oge dina agama samawi (Uum al-Kitab) lianna (Yahudi sareng Nasarani), basa ngawitan dongkap agami-agami ieu, tapi akhirna mung dina agami islam wae nu nepi ka ayeuna tetep nurut ka eta larangan. Sateuacanna bangsa-bangsa nu aya di wewengkon Timur tengah sok nyembah dewa-dewi (barahala), sanaos tos dongkap agami samawi, aranjeuna masih tetep nyembah patung-patung nu diibaratkeun pangeran, tibatan nyembah Pangeran nu dipiwarang ku nabi-nabi basa harita. Teras nabi-nabi hawatir para panganut terus-terusan nyembah barahala, nu akhirna dijieun aturan ngalarang nyembah barahala-barahala (gaganti pangeran). Aya conto ti agami tiluanna tapi nu pang alusna teh nyaeta dina agami Islam. Ieumah ayat nu nyaritakeun larangan nyembah patung dina kitab Perjangjian Lawas nu dianggo ku agami Yahudi sareng Nasarani. 1. jaman Musa (Yahudi), perkawis sasapian emas. Sanggeus sakitu lilana Musa henteu lungsur-lungsur ti gunung, jalma-jalma teh karumpul ka Harun sarta miunjuk kieu ka anjeunna, "Duka katarajang naon Juragan Musa anu nginditkeun kuring sadaya ti Mesir teh, teu lungsur-lungsur. Ku margi kitu kuring sadaya pangdamelkeun hiji allah anu bakal mingpin." Saur Harun ka maranehna, "Laanan anting-anting anu diparake ku pamajikan, ku anak lalaki,ku anak awewe, kumpulkeun terus bawa ka Bapa". Seug maranehna ngalaraanan anting emasna tuluy diserenkeun ka Harun. Ku Harun dicandak tuluy dilebur kabeh dicitak jadi hiji sasapian emas. Ceuk jalma-jalma teh, " EH, urang Israel, tah ieu allah urang, anu ngaluarkeun urang ti Mesir!" Harun tuluy ngadamel hiji altar, diadegkeun hareupeun eta sasapian emas, tuluy ngembarkeun kieu, "Isukan kudu pesta, ngagungkeun Pangeran." Isukna isuk-isuk keneh jalma-jalma geus rabul marawa sasatoan, sawareh keur kurban beuleuman, sawareh deui keur dijieun dahareun pikeun kurban panarima. Brek jalma-jalma dariuk, tuluy pesta curak-curak nyaratu nginum, pestana robah jadi borak-borak jeung cabul. Pangeran nimbalan ka Musa, "Geuwat turun ayeuna keneh. Jalma-jalma meunang ngaluarkeun ti Mesir teh marigawe dosa, murtad ti Kami. Pituduh laku anu ceuk Kami kudu dilakonan geus teu diparake pisan. Malah geus nyarieun sasapian emas dicitak, disarembah, dibere kurban.(Budalan 32: 1-8). Lajeng aya aturanana nu pangjelasna di Pamindo 27:15 Urang Lewi,"Sing disapa ku Allah, jelema anu nyieun arca ku batu, kayu, atawa ku logam, seug disembah susulumputan. Pangeran mikagiruk ka nu nyembah ka barahala." Katingalna bangsa Yahudi carang kawula ka eta timbalan ti Gusti Allah kulantaran kedah disuhunkeun teu weleh ku nabi-nabi salalawasna. Katingalna bangsa Yahudi teu nurut kana parentah ti Gusti eta, sanaos nabi-nabi teu weleh nitah kangge nurut kana parentahNa. 2. Jaman Nasarani Panganut-panganut Nasarani nu mimiti (abad kahiji) mindeng disiksa ku bangsa Romawi (jaman pengejaran), kulantaran nolak milu pangnyieunkeun arca jeung nyembahna. Tapi saatosna sababaraha abad, basa agama Nasarani dijantenkeun agamai resmi dina karajaan Romawi (ku kaisar Constantin, kinten-kinten abad kaopat saatos masehi), nembongkeun seueur gambar suci rupi-rupi nu ditampi ku Paus Leon IV (Paus jaman harita) : gambaran jeung arca Yesus, Bunda Maria, jelema suci dll. Abad kalima hiji pergerakan disebut Ikonoklas muncul (samacam fanatik), kecap Ikonoklas hartosna : nu ngaruksakkeun, nu ngalarang gambaran-gambaran eta ditembongkeun. Ti basa harita para Ikonoklas merang tutumpesan jeung maehan mangrebu-rebu kurban nu panuju ngaruksakkeun gambaran-gambaran jeung arca. Akhirna, abad kasalapan, Paus zaman harita, mangsa kaisar awewe Theodora, rubah pikiran perkawis arca, teras para Ikonoklas nu akhirna disiksa. Kukituna para Ikonoklas eleh teras nu meunang perang nyaeta para Ikonodul (ikonodul hartosna : nu nyembah arca). Janten abad ayeuna dina agama Nasarani aya arca dimana-mana nu disembah jeung dianggap gaduh kawasa sorangan. 3. Mangsa Islam Tungtungna memang salah sahiji ti tilu agama samawi nu salalawasna tahan kana larangan ngadamelkeun arca kangge disembah teh nyaeta agami Islam. Agama Islam tos satia sama sakali ka larangan eta nu ditingalikeun kalawan teges ti anggalna dugi ka zaman ayeuna. Akibatna eta larangan mangrupakeun ciri leres agami Islam, kulantaran eta oge tos sakedahna dihormatkeun. Meureun ieumah mangrupakeun alesan nu jero kunaon sababna umat Islam bendu ka karikatur-karikatur eta. Wasslamualaikum, ti Denis. ----- Original Message ----- From: Rahman To: [email protected] Sent: Friday, February 10, 2006 9:12 AM Subject: Re: [Baraya_Sunda] panyaram ngagambarkeun Rasulullah SAW Alaikum salam Kan Denis, Euleuh aya urang Kanada yeuh. Haturan Kang... wilujeng tepang sareng kuring. Punten nembe tiasa ngawaler ayeuna. Sigana mah sababaraha poin teu kedah diwaler deui. Da tos kajawab. Anu jadi heran kuring mah kieu Kang. Ari dina Qur'an mah (ieu mah sakanyaho kuring, lama aya nu terang pangbejaankeun bae) taya teks anu sacara eksplisit ngalarang manusa ngagambar(keun) Nabi. Teks explisit anu ngalarang dahar babi mah mani pertela pisan sanes? Analog kana ayat nu kieu, sakalian ngajawab pertanyaan nomer 4. Sigana mah lamun aya jalma lar Islam ngagambar, nya TEU kunanaon. Sabab hukum Islam ngan KEUR anu ngaku Islam wungkul. baktos, Rahman Denis Rivard <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assalamu alaikum, Simkuring meuni panasaran kana isu dicindirkeun tadina di sabudeureun dunya : 1.-Naha aya larangan imeut dina ajaran Islam nu ngalarang gambar Rasulullah SAW? 2.-Larangan eta pupucukna tina ayat dina Alkitab atawa aya sumber nu sanesna? 2.-Upami kitu, kunaon? Aya pedaran dina sajarah umat Islam? 3.-Larangan eta lain bae ngeunaan ngagambarkeunana tapi ningalina oge? 4.-Kapir-kapir tina agami nu sanesna kedah nurutkeun kana ajaran Islam henteu? contona larangan ngeunaan gambaran nabi? 5.-Larangan eta mung ngeunaan Rasul SAW atawa ngeunaan saban nabi, contona Yesahah, Yesus? Hatur nuhun sateuacanan ka sadayana nu uninga jawaban kana patelakan kuring. P.S. Pandangan kuring ngeunaan gambaran eta teh meuni bolon wae Wassalamu alaikum Pak Denis, [Non-text portions of this message have been removed] http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] SPONSORED LINKS Spanish language and culture Indonesian languages Sunda Indonesian language learn Indonesian language course --------------------------------- YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "Baraya_Sunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. --------------------------------- --------------------------------- What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos [Non-text portions of this message have been removed] http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] SPONSORED LINKS Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn Indonesian language course ------------------------------------------------------------------------------ YAHOO! GROUPS LINKS a.. Visit your group "Baraya_Sunda" on the web. b.. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] c.. Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. ------------------------------------------------------------------------------ [Non-text portions of this message have been removed] http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
