Wilujeng Teteh, eh.. matak resep tepang sareng urang sunda deui, ngan hanjakal tebih di Montreal, ah keun bae ayeuna mah serba canggih anu jarakna jauh janteun caket, matak kabayang upami abi nyarios bs. Perancis, meureun Tarasi teh janten Tarsisi he..he..he.., puguh ari raosna mah matak kabita, ngan kadang teu kuat ku bau-na ha..ha..,
Kadang sok hoyong diajar bs. Perancis, saur Wayne mah ceunah bs, Inggris heula hilangkeun aksen Errrrr "R" ha..ha.. tapi ketan ayeuna mah mendingan abi mah kumargi sering nyarios bs. Inggris didieu sareng rerencangan akhirna janten rada mahir, ari Wayne teh tunangan + bos abi he..he.., upami teu aya halangan mah bade nikah di Indonesia, Wayne mah hoyong bulan madu di Bali, ari abi mah hoyong ka Walanda, buyut abi teh ti Walanda, ngan abi mah teu acan pernah ka Walanda teh, ari Natalan anu ti Walanda teh kadang sok dongkap, ngan hanjalkal abi mah tara patepang sareng Oma teh, da ari buyut abi mah tos pupus, ayeuna teh kantun Oma tos sepuh pisan, anjeuna teh gaduh putra hiji "Roni" ayeuna di Jerman parantos nikah sareng urang Perancis, abi ti alit tukang ngalalana akibatna teh jarang pendak sareng duduluran kadang sok aya rasa nyesel, ngan ari ninik + aki mah masih aya di Semarang, saur Mamah mereka hoyongeun pendak sareng abi, nuju alit abi teh ngiring sareng pun nenek + Kakek. Abi mah sok emut unggal wengi nenek osok ngadongeng sampe abi bobo, ari dinten minggu jam 5 enjing kudu gugah diajak ka gereja, wah matak kangen ari tos kieu teh... Ari pun Bapak asli ti Kuningan, pun Bapak teh nuju anom mah sakolana oge di Bandung, seueur kulawargi abi di Bandung, duka nya nyebar dimana-mana geuning keluarga teh... Abi bade nyarios ka Wayne heula, sugan upami aya waktos hoyong ka Montreal. Leres diantos pisan poto Selena, sok ka rajin diajar bs. Perancis-na ulah hilap errrrrrrr "R" he..he..he... Baktos Nenen Karl Gunadi http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
