--- In [email protected], mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang RH,
> Hehehe, aya wae waleranana teh. Ngan jigana, pikeun ngajawab
patarosan Kang RH, kedah nalungtik, kunaon suku-suku nu masih cicing
di leuweung make cawet atawa koteka. Jeungna deui, upama orok barang
brol tos make papakean lengkep, make jas, dasi, sapatu jeung helm,
bakal leuwih seueur deui perkara nu baris lieur milarian jawabna.
Karunya ka kaum wanoja, tada teuing ripuhna, ngaluarkeun orok anu tos
make papaean lengkep. Barang rek borojol teh sapatuna ngait, kumaha
ngaluarkeunana. Eta deuih, kedah aya di alam rahim kedah tos aya
pabrik garmen sagala. Hehehe. 
> 
> Atawa kulantaran "era mah produk budaya" tea, nu ngajadikeun
papakean pikeun nutup orat, tiap bangsa beda-beda. Wallahualam.
> 

Kang MH,

Meungpeung rada salse yeuh, rek ngacapruk deui. Bosen? Didelete we lah
he he he.  KAde deuih, tong diandel teuing! Bisi milu leiur teu puguh
siga kuring.

Kuring nganggap rasa era (Orat, lain Oray he he he) teh mangrupa
produk budaya. Contona geus dibikeun ku Kang MH. Apresiasi ngeunaan
orat teh kacida pisan beda na di unggal budaya. Kunaon ari urang Papua
make koteka? Pan ieu teh jadi ciciren, yen anu bisa dianggap
'ngerakeun' mah bagean hareupna wungkul. Kusabab kitu nganbagean
hareupna wungkul anu disolobongan (dibungkus) teh. Keun bae handapna
ngagayot mah, teu ieu eraeun, sabab konsepna ge kitu. Anu ngagayot mah
teu pikaeraeun he he he.

Tah, lamun urang suku Inuit (Indian di Kanada) ngan make koteka
wungkul? Bakal paraeh kabulusan sigana mah! 

Ayeuna anu keur mahabu teh, nya konsep orat bangsa Arab anu rek
diterapkeun ka bangsa2 lain di dunya!

Ari ceuk kuring mah salah kaprah ieu teh!

Sabab lamun ditengetan leuwih jero, konsep orat tea, sok saluyu jeung
budaya katut alam tempat manusa cicing.

baktos,

Rahman
(oge [siga] nu teu boga cedo...;))






http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke