> Ih... apan urang SUnda mah sarakti... bisa ngahiang! he he he... RH
> Sebagian Anggota Sunda Nusantara Menghilang
Sampurasun Kang RH. Geus dua minggu teu ngalongok baraya_sunda yeuh.
Minggu katukang mah kuring teh kudu digawe ka luar kota, ka Bayah
Banten, meunang opat poe. Ngan kulantaran digawena papanasan jeung
didareah pertambangan batubara, balik teh awak muriang. Ari sugan
teh rek cageur ku sapoe/dua poe, malah katateterusan, kapaksa
dipariksa di RS, hasilna kalahka kudu dirawat da cenah kuring kena
gejala DB ( Kandungan Thrombosit dina getih turun drastis). Atuh
ngajoprak di RS, diinfus .......
Lalakon "Nagara Sunda Nusantara" teh kuring mah terang tina TV di
RS. Bari ngararasakeun kasakit jeung disarekeun teu reup wae, kuring
nengetan acara nu ngupas "Nagara Sunda Nusantara" ti stasiun Metro
TV. Geuning nu ngariring jadi anggota "Nagara Sunda Nusantara"
cabang Tangerang teh jalmi-jalmi nu kirang "beruntung" alias lebet
katagori rakyat Indonesia miskin. Maranehna palercaya yen para
karuhun "Nagara Sunda Nusantara" teh nyimpen harta triliunan dollar
di LN. Tah umpama artos ieu dipulangkeun, rahayat "Nagara Sunda
Nusanatra" bakal makmur jeung sejahtera: bro dipanto, bru dijuru,
ngalayah ditengah imah ...hehehehe. Sanajan keur gering, ceuli beuki
rancung we, ngadangukeun presenter TV.
Jadi inget kana kapercayaan arek datangna "Ratu Adil/Imam Mahdi" di
masyarakat bumiputera di P. Jawa nu kateken ku sistem di jaman
kolonial. Asa aya kimiripan, sami ngarep-ngarep "anu teu puguh"
lungsur ti langit, keur ngabereskeun sagala karuwetan. Moal
boa "Nagara Sunda Nusantara" mucunghul kulantaran geus beakna
harepan para pengikutna kana harepan anu leuwih nyata?
Beu ....cilaka umpama kitu mah, geus ripuh pisan nagara urang teh
geuning. "Ngimpi" sabagean rakyatna wae robah, tina "ngimpi biasa"
pindah kana ngimpi nu leuwih "heboh" deui .....
Nu teu lucu, jelema "ngalindur" kalahka dibawa ka kantor pulisi,
dituduh makar. Nu "ngalindur" mah cukup dihudangkeun we, engke oge
sadar sorangan .....
Baktos,
WALUYA
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
SPONSORED LINKS
Spanish language and culture | Indonesian languages | Indonesian language learn |
Indonesian language course |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.