>
> Sampurasun Kang RH. Geus dua minggu teu ngalongok baraya_sunda yeuh.
> Minggu katukang mah kuring teh kudu digawe ka luar kota, ka Bayah
> Banten, meunang opat poe. Ngan kulantaran digawena papanasan jeung
> didareah pertambangan batubara, balik teh awak muriang. Ari sugan
> teh rek cageur ku sapoe/dua poe, malah katateterusan, kapaksa
> dipariksa di RS, hasilna kalahka kudu dirawat da cenah kuring kena
> gejala DB ( Kandungan Thrombosit dina getih turun drastis). Atuh
> ngajoprak di RS, diinfus .......
>

Haturan Kang Wly,

Teu salah ti sangkaan. Pasti keur aprak2an tah. Ngan teu nyangka make
kudu gering mah!!! Euleuh.. nepi ka kitu na Kang. Sing enggal damang
we lah. Eta kumaha atuh kaayaan ayeuna?

Nyaan geuning DB teh mani di mana2 nya? Rada hariwang oge atuh mun rek
ka lembur teh?

Puguh Kang. Ngabandungan ieu masalah teh. Kuring mah sedih we nu aya.
Sigana mah enya kitu... geus beak dengkak jeung harepan jelema leutik
teh. Diheureuyan jeung dibobodo ge langsung dicaplok we!!! Karunya!
Deudeuh teuing bangsa kuring! :((

Padahal mun rada dipikiran mah, eta ideu teh malahan pikaseurieun! Da
atuh euweuh nu nyambung saeutik2 acan! Tapi nya kitu tea, kusabab geus
euweuh raweleun, nya maranehna teh jadi sarawel2 na!

Jadi nya, urang kudu JEMBAR we dina ieu hal mah. Teu perlu ngambek...
karunya nu aya.

Sabenerna mah sikep kuring ge teu bisa dianggap bener. Hayoh kalah
nyeungseurikeun batur! Kuduna mah milu karunya lin? Tapi da kumaha
atuh, ideu na pikaseurieun! Keun bae ....hampura we lah nya!

baktos,

Rahman





http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]




SPONSORED LINKS
Spanish language and culture Indonesian languages Indonesian language learn
Indonesian language course


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke