Tah enya kitu, Kang Surtiwa. Komo ari Kang Surtiwa mah da pnginten yuswana saluhureun kuring. Dalah kuring oge, nu harita masih balita, masih ngarasakeun trauma kolot kuring jeung batur salembur kana "peristiwa DI/TII" teh. Baheula kuring sieun pisan kana sora manuk Tuweuw (manuk peuting), sabab kolot sok nyarita, "gorombolan" lamun ngaliwat ka lembur kuring, kode sandina teh, ku sora manuk Tuweuw. Sanajan DI/TII geus teu aya ...... kasieun kana sora manuk Tuweuw mah, angger we napel ...
Sajarah teh elmu pangaweruh, sanes dongeng hikayat atawa buku biographi. Sajarah, saperti elmu pangaweruh sejenna, perlu bukti jeung analis. Loba nu pabaliut, teu bisa ngabedakeun antara buku elmu sajarah jeung buku-buku nu ditulis siga "sajarah'. Contona Buku biographi (kenangan hirup) lain sajarah, tapi bisa jadi "sumber sajarah". Nu kudu dianalisa heula jeung bukti-bukti sejen. Kitu deui buku-buku nu ditulis ku nu ngalaman dina hiji peristiwa/kajadian. Lamun maca buku Sajarah, terus terang we, kuring leuwih resep maca, meunang kalangan akademisi, sabab metodologi panalungtikanana jelas, saluyu jeung kaidah elmu pangaweruh. Tah lamun nyaritakeun DI/TII, kuring leuwih resep maca buku sajarah meunang urang Luar Negeri, sabab indepedenden. Lamun teu salah mah aya buku menang urang Jepang, poho deui judulna mah, ngan kungsi di resensi ku Tempo jaman baheula. Baktos, WALUYA --- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Atuh entong kieu nganggap anu ngiring milis teh ngan > maca saungkul Sajarah...terus ditempas..aha sajarah > mah bohong..rekayasa nu meunang. Sami oge anu aya dina > web site eta oge dongeng propaganda..Anu jelas mah.. > seueur keneh anu jumeneng anu... ngalaman zaman > DI/TII, Permesta/PRRI, kumaha telengesna goromolan, > kumaha telengesna TNI...sareng ulah hilap kuma > telengesna rakyat anu bales dendam...cobi > dialaman...di tahun 1966..oge parantos serem..ningali > jalmi dipeuncitan ti kadua belah fihak..khususna antar > golongan...Saha anu telenges teh....KABEH PIHAK... > http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
