Lain ari kuring mah, lamun macaan posting ti kang RH nu nerangkeun kaayaan di walanda atawa posting-posting di millis sejen, sigana teh aya phobi di Eropa ka urang Arab (Wetan-tengah) nu kabeneran Islam. Jadi weh Islam kababawa. Salah saurang di millis sabeulah malah kungsi nulis, cenah urang Arab di Eropa teh, mirip jeung urang Yahudi samemeh Perang Dunya II, nu hirupna ekslusip (naon geuning aranna pemukiman Yahudi teh, Gheto kitu?). Tapi duka leres henteuna mah, kang RH sigana tiasa nerangkeun. Urang Eropa, sanajan dirina "ngarasa" boga budaya luhur, tapi pan ari sajarahna mah maranehna kungsi numpas urang Yahudi, nyieun aturan apertheid jrrd. Jadi mungkin wae "rasa" eta teh masih ngancik di sabagian urang Eropa.
Inget dongeng kawawuhan kuring, nu baheulana salah saurang pejabat di institusi pamarentah. Saenggeusna kajadian (11/9) jeung Bom Bali, manehna diondang ku Pamarentah Jerman. Nya indit kaditu. Na atuh di Bandara teh manehna teu bisa kaluar, dipariksa taliti pisan, ditanya itu-ieu. Pokona mah teu bisa kaluar ti imigrasi, sakitu dicaritakeun manehna datang ka Jermah teh diondang ku pamarentah Jerman. Bisa kaluar teh, sanggeus nu "ngajemput" nyampeurkeun, ngilu nguruskeun. Ti harita, kawawuhan kuring teh embung ka Luar Negeri deui tepi ka pangsiunna. Sagala ondangan jeung parentah dines ka LN, sok nitah anak- buahna wae. Pokna teh :"Nyeri hate, asa teu dihargaan. Kuring datang ka ditu teh, sasatna mah wakil ti RI, ari pek dikitu-kitu. Islam jeung Indonesia, jadi ngilu goreng". Bari jeung ngutruk kaditu-kadieu, ka urang Kulon, ka kajadian 11/9 jeung ka kajadian Bom Bali ... Baktos, WALUYA --- In [email protected], kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Heheh... ieu teh luyu jeung kasauran Abah Joe... "We do it your way" nya, > Bah? Oge luyu jeung kasauran almarhum Nurholis Majid, "Dina demokrasi mah, > najan nu kapilih teh iblis, urang tetep kudu tumut." Pan di ditu mah syariah > teh iblis (meureun). Heuheu... http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
