--- Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Memang jadi susah ayeuna teh. Lain di NL wungkul
> jangjang katuhu anu
> meunang. Poe tadi maca warta... Di Jerman jeung di
> Swedia ge jangjang
> katuhu meunang pemilu.

Jangjang katuhu teh, nu "heuras" tea meureunna. Nu aya
patalina jeung ageman manehna. Ngan wae bisaan manehna
mah Kang, najan nu meunang jangjang katuhu tapi jigana
teu disebutkeun cap agemanana nya. 

> Islam enya DIPIKASIEUN ku urang Eropa! Teu kitu
> kumaha... sabab
> beungeut bengis Islam anu nonjol. Citra Islam
> katempona GORENG. Conto
> anu ayeuna we teges pisan. Paus cenah boga salah...
> (kuring mah terus
> terang we teu nyaho dimana kasalahanana?). Geus
> menta maaf, najan teu
> salah ge. Tapi ancaman anu nyebut diri na umat Islam
> ti mana mendi. Al
> Qaeda ge geus NITAH maehan Paus. Aya biarawati nu
> geus nini2 oge
> ditandasa nepi ka perlaya!

ieu mah toongan pribadi kuring kang, karek nurutkeun
ingetan jeung rarasaan upama nitenan beja ti media,
tapi can didukung ku fakta atawa data panalungtikan.
jigana cara media ngawawarkeun berita goreng aya
bedana palebah makaitkeun jeung pelakuna: upama
kalakuan goreng dilakukeun ku puak muslim, sok
dituliskeun atribut agamana; sabalikna upama kalakuan
nu sarua dilakukeun ku non-muslim, tara disebut tah
embel-embel agemanana. bener teu nya? upama salang
pang ngoreksikeun.

> Kumaha teu rek goreng imej agama urang teh. Pokona
> mah tongkrongan
> Islam teh SEREM weh!!! Salah saha eta teh? Lain
> salah batur, salah
> umat Islam sorangan anu TEUKAOPAN. Saeutik2 maen
> bunuh!!! :(((

palebah dieu oge, aya beda perilaku antara puak muslim
jeung non-muslim. ieu oge toongan kuring deui wae,
masih perlu dikoreksi. lolobaba puak muslim dina
gerakanana resep teuing mamake label agemanana. geura
pek we toong, naon wae gerakan atawa organisasi, boh
sosial budaya, komo pulitik mah, aya kuresep make
label 'i' teh. bandingkeun jeung puak non-muslim,
arang langka aya nu make label 'k' atawa nu sejenna.
tapi manehna mah cukup ku ngaran lokal we. 

jigana kabiasaan diluhur jadi kontraproduktif, nalika
hiji gerakan atawa organisasi jadi 'heuras', agamana
oge kababawa. 

salam,
mh



=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke