> barisa ngaji, alif bingkeng - alif bingkeng wae mah tangtu bisa nya. Jadi > kasimpulanana, MUSTAHIL alias TEU MUNASABAH upamaha urang Sunda teu > bisaeun ngucapkeun SORA /q/. Hehehe, maksa we nya. Kang MH,
Satuju lebah dinya na mah. Asal diajar... nya atuh gampang. Lah teu pira /k/ nyekleuk... Ngucapkeun na bari kabesekan ge teu hese ieuh he he he. Ngan balik kana masalah na. Pan dina basa Sunda teh eta /Q? teh euweuh lin. Jeung deui, sigana mah euweuh beda keur CEULI urang Sunda antara /K? jeung /Q/. Ieu kriteria kudu dipake oge. Mun beda harti... nya KAPAKSA KUDU dipake. Mun henteu mah... ah naha make kudu ngariripuh sorangan? Naon bedana cik antara EJAHAN: 'qualitas' jeung 'kualitas'... atawa 'Kur'an' jeung 'Qur'an'? Aya kitu beda na dina harti? Pananya kuring... naha ejahan Arab leuwih alus tinimbang ejahan Sunda kitu? Sagala rupa anu asup ti dunya luar... kudna mah disaluyukeun jeung kaayaan jeung kamampuh urang sorangan! Hampura... kuring nyebut 'minder' dina postingan tiheula. Da eta, aya 'kesan'... sistem batur dianggap leuwih alus tinimbang sistem urang sorangan. Kieu we atuh. Urang Aran pan teu bisa nyebut /P/... Kabeh dina basa Rab jadi /f, v/ atawa jadi / b/. Basa Arab kurang kumplit tinimbang basa Sunda? Ceuk kuring mah tiap sistem apan BEDA. Lain urusan unggul/ kumplit atawa henteu. Jadi... mun euweuh tidituna teu perlu maksakeun he he he... Ari keur sakuringeun mah... Eejahan siga MTK atawa MTQ teu ieuh jadi masalah... Asal ulah jadi MCK we he he he... baktos, Rahman http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
