----- Original Message ----- 
From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Mun panasaran... coba tingali dina Wiki. Aya hiji raja Fir'aun
> Achneton ... anu ngamimitian gerakan monoteismeu tea! Bisa jadi
> manehna dipangaruhan nu sejen. Tapi memang kitu kanyataananan...
> SAGALA RUPA anu aya di dunya ROBAH ('berevolusi') tea.

Lain ngasrogkeun maneh ku lantaran terang ieu mah. Tapi rarasaan kuring, 
baheula keur di SMA, duka dina palajaran naon, tapi lamun teu salah mah dina 
palajaran Agama kitu, dina palajaran Tauhid atawa sajarah kitu?. Sok 
diterangkeun soal evolusi kapercayaan /ageman ieu teh. Dimmiitian ku 
animismeu/Dinamismeu terus kana polytheismeu, nepika monotheismeu.

Keur budak, keur di SMP, ku pun Bapa teh dipangmeulikeun buku Ilmiah 
populer, soal astronomi. Hilap deui judulna, da ipis pisan. Tapi didinya 
dicaritakeun kunaon manusa sok nyembah barang-barang/benda langit. Nya 
sapertos nu dicarioskeun ku kang RH  ku teu ngartina jalma kana rahasia 
alam, nya dijieun mitologi nu saluyu jeung pamikiran harita. Nu kaemut teh 
mitologi kieu :

Cenah baheula teh di langit  teu aya bentang, bulan jeung panon-poe. Dunya 
teh poek mongkleng. Dibalik langit/diluheruen langit aya seuneu. 
Kacaritakeun aya lancah gede/raksasa nyieun jaring dilangit, terus aya manuk 
caladi, manuk caladi teh lapar, nya macokan lancah ieu. Lila ti lila lancah 
teh beak da dipacokan ku caladi. Caladi jadi kalaparan, jadi notrokan 
langit. Langit jadi barolong, seuneu nu diluhureun langit jadi katingali ti 
bumi. Caldi beuki lapar, notrokan langit loba teuing, nepi ka bolongna gede 
pisan, jadi bulan. Notrokkan  deui leuwih loba, jadi weh panonpoe. Geleber 
caldi asup kana liang nu dijieunna ......manuk caladi paeh kaduruk ku seuneu 
diluhureun langit.

Kilat jeung guludug diterangkeun kieu. Cenah eta teh dewa keur tumpak kaerta 
kuda/delman dilangit. Tah nu buburinyayan teh pecutna sang Dewa, atuh nu 
guguludugan, roda delman nu maju, katarik ku kuda nu dipecut .......

Baktos,
WALUYA

 



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda


[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    mailto:[EMAIL PROTECTED] 
    mailto:[EMAIL PROTECTED]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke