Kang Wly., He he he... aya bakat jadi diplomat tah Kang. Eta mah basa diplomasi atuh!
Ari keur kuring mah, kasalahan Sadam geus kabuktian (cenah... da teu nyaho proses ngabuktikeunana!). Omongan urang Irak anu kalabur diubrak-abrik ku Kang Sadam oge keur kuring mah bisa kaasup bukti oge. Dihukum nya KUDU... ngan lebah DIGANTUNG, teuing teu satuju kuring mah. Kumaha mun Jang Sadam dibui we. Sina digawe (paksa), pan kaarah hasilna saeutik2 oge meureun? MunKang Sadam ngagulawing... kaarah naon na? Tapi enya oge. Dilematis lebah ngahukum jalma siga kieu teh! Anu jelas mah, hakim kudu ngadengekeun rasa KAMANUSAAN jeung rasa KAADILAN urang Irak sacara gembleng. baktos, Rahman --- In [email protected], "Waluya" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ----- Original Message ----- > From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]> > > Di urang, di lembur urang, upama aya hukuman pati, jiga kasus Tibo kamari, > > sok loba nu pating corowok, teu satuju kana hukum pati. Tapi anehna, > > nalika Sadam ditibana hukum pati, tacan kadenge aya komentar kana kasus > > ieu. Hehehe. > > Puguh kuring oge keur bingung ieu teh, satuju atawa henteu? rek satuju, ah > ....da Wan Saddam teh teu boga dosa ka kuring mah. Nyebut teu satuju, susah > oge, da cenah bejana Wan Saddam teh telenges pisan. Ah ngilu sikep > pamarentah we nu nyebutkeun "dapat memahami" kana hukuman pati ka juragan > Saddam. Duka naon nu dimaksud "dapat memahami" ku pamarentah teh .... > > Baktos, > WALUYA > http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/ http://barayasunda.servertalk.in/index.php?mforum=barayasunda [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: mailto:[EMAIL PROTECTED] mailto:[EMAIL PROTECTED] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
