Kang Teja, Aya hiji hal anu positif tina ieu kajadian. Bangsa urang geus wani jeung kritis ayeuna mah.
Pan geus adat bangsa urang lin? Mun aya gegeden anu datang ngaroris... naon ge diaya2keun. Sok bae tengetan, mun aya camat nganjang... ti hayam nepi ka randa bengsrat ge diasong2 he he he ... Tapi eta mah baheula. Ayeuna mah geus beda atuh... aya gegeden datang... tonggengan we!!! Kaci ieuh lah! ;)) Kahayang teh... sikep siga kieu OGE dipake keur gegeden BANGSA urang sorangan. Ulah andiprek acong2an nyembah. Malah mah loba gegeden AGAMA anu sukuna dikumbah... terus caina diinum sagala!!! Lieur lin? Hirup bangsa urang anu mimiti kritis! ;)) baktos, Rahman > > Maca koran Media Indonesia kamari, kabeh fraksi DPRD Bogor kajaba FPD nolak > datangna agan Bush cenah (Harr.. timarana wae, Boss? ). >