Teh Aryani, He he he... kuring ge pang balik heureuy tadi ge. Lah... piraku nyeri hate ku heureuy? Kuring mah tukang heureuy! Prinsip kuring mah kieu: mun daek ngaheureuyan, nya KUDU daek diheureuyan atuh. Jadi.. pek bae rek heureuy naon ge jeung kuring mah, asana teh can ngarasa AMBEK kusabab diheureuyan!
Mazhab heureuy? Nya enya atuh! he he he... Mun disebut mazhab jamedud mah embung ah! Komo mun disebut mazhab tukang tarok mah! Iyyyy... ba'id! ;)) Kuer kuring ge loba pisan mangpaatna ieu forum teh. Kuring diajar ti pamikiran2 nu sanesna. Itung2 nambahan wawasan kuring anu heureut. Pan jelema mah TAYA anu masagi.... da lain peti he he he. Loba pisan hal2 anu TEU kapikir ku kuring. Ku postingan baraya sejen na... jadi kapikiran oge ku kuring. Begituh... roger? baktos, Rahman --- In [email protected], "a2z idea" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > Hapunten pisan Pak Rahman sakali deui abdi mung heurey...tong nyeuri hatenya > Pak upami ku abdi disebat mazhab heurey...nyebat kitu ge abdi ngan sauukur > heurey..punten pisaaan. > Sawios atuh pak milis ieu ku abdi disebatna pangaosan online. Leres pak, > milis ieu ibarat pangaosan kangge abdi pribados. > Sok geura, Pak Rahman kan anu ngomandoan milis ieu, anu ngalempar tema anu > sareng anu, > nya nu sanesna ngiring diskusi..sanaos tinu postinganana aya nu sok heurey > atawa asal ngacapruk siga abdi (heurey abdi garing pak..) > > Abdi di milis ieu seeur guguru ka para pini sepuh termasuk ka Pak Rahman. > Kacida seeur manfaatna nu sae kanggo abdi. > > Baktos, > Aryani > > > > >From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> > >Reply-To: [email protected] > >To: [email protected] > >Subject: [Baraya_Sunda] Re: Syiah vs Sunni : Rame... unggal poe silih > >paehan! > >Date: Sun, 26 Nov 2006 07:53:03 -0000 > > > >Teh Aryani, > > > >Waduh... kumaha yeuh. Piraku ngacapruk di-upgrade jadi pangajian? he > >he he... > > > >Tapi ketah... mun disebut mazhab lieur mah teu kunanaon. Da enya > >hayoh! ;)) > > > >Lain... sok bingung... Loba jelema anu pro-proan, bari teu dipikiran > >masalah dasar na. Jadi nambahan kiruh atuh! > > > >Mun kuring ngcapruk naon bae oge. Tong dianggap teuing lah. Sakadar > >nguseupan obrolkeuneun. Pan aya alusna... mun urang ngarti kana kasang > >tukang pamikiran batur. Enya teu? Teuuuuu.... ;)) > > > >baktos, > > > >Rahman > > > > > > _________________________________________________________________ > Express yourself instantly with MSN Messenger! Download today it's FREE! > http://messenger.msn.click-url.com/go/onm00200471ave/direct/01/ >
