Hehehe Teh Nen apanan di Bule oge aya divisi exorcism tea ... anu pengusir 
setan tea Teh hehehe. Pan ceunah mah dina filem barat jurig sieuneun ku Salib 
... Jurig endonesia ceunah sieuneun ku Al Qur'an atawa ku Tasbeh meuren taah 
jadi teu ngalalarti... lamun kitu jurig bule meureun teu sieuneun ku Al Qur'an 
... terus jurig endonesia teu sieuneun ku Salib hihihihi. Sok asa lucu 
ngabandungan filem mah... 

Upami di kampung mah sok rame tah upami Wa Lebe keur ngubaran anu kasurupan... 
pernah hiji mangsa aya anu kasurupan terus ku Ajengan di bacaan ayat kursi, al 
fatihah, an nas... kalahka seuseurian... kuring ge apal ceunah nu kitu mah. 
Kalahka gogorowokan menta disadiakeun kopi panas anu langsung tina seeng... pas 
disadiakeun langsung diinum bener-2 teu kaharti ... meureun mun ku urang mah 
eta biwir pasti melepuh tah :). Ajengan geus nyerah langsung weh Wa Lebe komat 
kamit teu pararuguh... teuing naon anu dibaca... di usap weh eta beungeut nu 
kasurupan langsung cageur.

Aya oge deui carita anu saleresna kuring mun sempet mah hoyong moto... aya hiji 
makam karuhun di deukeut Kampung Kuring di lebah Tanjung Sari, Darmaraja 
Sumedang, ieu caritaan warga didinya anu ninggali langsung... eta makam teh 
lokasina deukeut pisan jeung walungan Cimanuk... hiji mangsa eta walungan teh 
caah badag caina gede pisan ... dugika kampung di ciwangi mah ceunah sababaraha 
imah ka eleb ku cai... oge nelen sabaraha korban anu kabawa palid... anehna 
walopun eta makam teh... deukeut walungan jeung lokasina sahandapeun eta 
perkampungan... tapi cai ti cimanuk teh euweuh anu asup ka eta makam... eta 
makam teh tetep teu kasorang ku cai... kalahka caina oge nyaligri ngan saukur 
aya pasisiana wungkul... Tah kuring can sempet puta - poto di makam ieu... ngan 
ngeus jangjian jeung Mama Kuwu di lembur lamun pulang kampung rek ziarah ka 
dinya... bari sugan manggihan logical explanation tina eta paristiwa...

Makam karuhun eta teh salah sahiji makam anu bakal di eleb ku pamarentah anu 
rek ngancurkeun paninggalan urang sunda... tah urang kampung anu caricing 
didinya mah dugika ayeuna masih percaya rencana pamarentah ti taun 63 teh moal 
kajadian ku sabab ceunah mah Gusti Alloh teh moal ngawidian ... buktina wae 
ceunah ku caah badag wae eta makam titinggal karuhun teh teu ka sorang ku 
cai... malahan mah ieu caritaan teh ceunah di saluyu keun kana caritaan 
sangkuriang kabeurangan ... anu gagal ngabendung walungan tea... ceunah mah 
geus aya uga ti anggalna. Wallohu alam. 

Salam Exocism,
Asep

  ----- Original Message ----- 
  From: Nenen 
  To: [email protected] 
  Sent: Sunday, November 26, 2006 9:02 AM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Fw: [jakarta-batavia] Kunjungan Bush, Sebuah 
Inspirasi


  Leres kajanteunan "Iwan" saminggu kemudian nikah, malahan manehna teh
  ngundang abdi waktos dongkap kabumi bari nonton bola he..he..he... 
  Matak heran siwanita gaib terang tisaha mantan pacar abdi namina
  "Iwan", padahal mah abdi tara ngobrol, nyebut-nyebut nami tentang
  "Iwan" salama tinggal dirumah itu.

  Abdi oge gaduh pangalaman gaib di Canada, wah pokokna mah matak serem
  pokokna mah.........

  Rerencengan abdi di USA oge ngebel ka abdi ceunah diganggu setan bule
  sampe sakit, ih.... sugan teh ngan diurang bae usum gaib-gaib,
  ternyata dinegara besar oge aya, panginteun dimana-mana he..he..he..

  Nn



   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke