Ieumah carita ti salaki sorangan.., 
Kabeneran lamun keur di lembur, salaki teh sok diondang ku pangajian lamun aya 
acara Maulid Nabi atawa naon we nu biasana peuting2. Malah kapeung mah.., 
baturmah geus baralik, manehnamah masih cicing we nungguan tika beresna eta 
acara.
Dina unggal pangajian pa Kiai teh teuing kabeneran Kiaina nu teu resep ka 
Amerika sugan, da ceuk salaki teh.., naha nya dina unggal pangajian teh ngan 
ngomongkeun ngewa ka Amerika wae.., sok aya we nyelipkeun teori konspirasi.., 
euweuh kitu topik nu lain nu leuwih hade diomongkeun nu saluyu jeung ajaran 
agama nu damai, nu teu ngomporan. Jeung deuih aneh ceunah ari ngewa ka Amerika 
naha ari produk2 nu bau2 Amerika mani laku pisan di RI teh, conto nu pasti nu 
bisa ngarusak kasehatan kawas Junk Food, nu make embel2 Amrik, kalahkah mingkin 
loba.., kudunamah nu kitu heula dijauhan.

Komo nu lucu mah ceunah mun seug ngomongkeun budaya Amerika nu kudu dijauhan 
kulantaran loba awewe teu make baju.., hayang seuri ceunah.., padahalmah di 
antara nagara2 barat sigana nagara pang konservatifna, kana agama ge sabagian 
urang Amrik mah masih keneh fanatik siga di urang, geura we mun di Amrik mah 
pan nu tisaranjang teh ditangkep ku pulisi.
Ah.. teuing kuring ge jadi lieur..
Kuring mah panuju pisan sareng kang Rahman, kuduna urang teh menerkeun heula 
diri sorangan, ulah waka nyalahkeun batur..

Baktos,
Maria

  ----- Original Message ----- 
  From: Rahman 
  To: [email protected] 
  Sent: Monday, November 27, 2006 4:16 AM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Nu dipikasieun tea!


  Kang Aep,

  Hampura mun karasa heuras mah he he he. Ngasakan sanguna kurang cai
  meureun, jadi weh bear! ;))

  Enya kitu Kang. SAlah sahiji kalemahan urang teh, sok LOBA teuing
  nyalahkeun batur. Susah jadina...

  Mun urang apal, yen nu salah teh diri sorangan. Leuwih gampil
  memenrena. Menerkeun batur tea... nyiar pipaseaneun! he he he.

  Mun digelepok batur, pan jadi riweuh!

  baktos,

  Rahman
  teu boga niat ngajak pasea! ;))

  --- In [email protected], aep saepulloh <[EMAIL PROTECTED]>
  wrote:
  >
  > Heheh meni heuras euy balesanna, 
  > Da abdi mah berdasarkan pangalaman sateuacanna. Upami teu lepat di
  Ustrali kungsi aya teror via surat nu eusina "Virus Anthrax" tea.
  Pihak barat (Amrik & Ustrali) nuding eta teh pagawean teroris musuh
  maranehna. 
  > 
  > Padahal nyieun pakarang biologis teh beda pisan jeung nyieun
  pakarang biasa, ngan ukur bisa dijieun ku nu boga teknologi tinggi di
  bidang bioteknologi. Saha deui coba nu boga teknologi kitu? 
  > 
  > Tadina judulna ge apanan "milu suudon" piraku ari Amrik suudon mah 
  meunang, tapi ari abdi nu (pipilueun) suudon teu meunang?
  > 
  > Btw, tapi abdi nangkep eusi email K Rahman ieu teh nyaeta soal
  "semangat intropeksi diri", sanes kitu K Rahman?
  > 
  > Ah teuing...Meureun ketah.;)) (nurutan heheh)
  > 
  > 
  > Baktos
  > 
  > Aep S
  > 
  > 



   


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke