Baraya saur pandapat abdi mah, 3 Kasalahan fatal aa Gym teh nyaeta:
1. tina pres konperensna bieu anjeuna mere dalil SUNNAH jang pembenaran tindakan poligamina. padahal tinggal ngomong; "kuring hayang kawin deui, pamajikan ngijinan" titik! :: Piraku tindakan nyukur rambut teh sunnah, tah ari eweuh rambutna KUMAHA aa Gym? ieu perumapamaan jang kata-kata Ibu Ninih anu nyarios "meski menyakitkan..." Jadi na poligami teh sunnah? meski istrina ngaku aya kanyeuri? Batal atuh pake dalil sunnah mah! Terserah mau poligami atau freesex aa, asal aya KESEPAKATAN bukan SUNNAH! 2. jang tindakan apologina manehna bieu nyaeta mere pandapat pribadi jang nyerang ka nu teu sapandapat poligami. :: Make dalil ingin meluruskan pemahaman poligami yang salah kek, atawa memberi solusi atas terjadinya freesex atau perbuatan selingkuh kek. TEU AYA atuh aa Gym ceuk abdi mah hubungan antara poligami jeung selingkuh atawa freesex. Baheula ti jaman Rasulullah poligami geus diatur ge da teu lantas ngurangan kajadian selingkuh jeung freesex. Kitu deui ayeuna. 3. teu masalah mun aa Gym kawin deui basa kahirupan ekonomi manehna pas-pasan atawa masih ngarangkak susah jeung can jadi terkenal siga ayeuna. Tapi ayeuna manehna geus dianggap TOKOH AGAMA. Jadi, jelas-jelas tindakan poligamina teh (rek cicing2 atawa teu cicing) adalah bukti kagagalan dirina anu teu boga kontrol sosial. Masyarakat urang teh da teu bodo2 teuing. Dalil2 aa Gym meureun masih payu jang urang2 anu awam pisan kana agama, tapi masyarakat berkembang..lambat laun ti saprak kajadian ieu komo anu rasional mah moal asal narima kana ucapan ulama. Baktos, Aryani _________________________________________________________________ Express yourself instantly with MSN Messenger! Download today it's FREE! http://messenger.msn.click-url.com/go/onm00200471ave/direct/01/
