Hehehe jadi atuh sikep anu ngahargaan ka batur jeung ngareugeungan kayakinan batur teh dianggapna "nyandung" hehehe. "Sae" pisan kitu cara na mah... pasti weh meureun moal lila deui bisa kajadian kadenge pating jelegur ti unggal "lembur" kulantaran nanaon teh bet sahaok kadua gaplok... mun beda kayakinan tah si eta ceunah murtad hayoooh duruuuuuk ceunah imahna tenggoran tah mobilna beuuuu. Padahal mah ari dipikir jero mah saha anu murtad-nya? Da anu kaharti ku kuring mah... Rosul teh nitah sakabeh umatna keur silih pikadeudeuh jeung pikaheman... nepika unggal panggih wae kudu nyebutkeun Assalamu Alaikum anu artina ngado'akeun mugia salamet jeung kabagjaan keur anjeun lain keur kuring... tah lamun ayeuna sabalikna teu ngahurmat kabatur jeung teu ngareugeungan batur oge komo bari sangeunahna wae nyebut murtad nepika ngancurkeun imah batur atawa nga bom deungeun-2... naha eta teh disebut saluyu jeung ajaran Rosul kitu? Justru ceuk kuring mah justru sabalikna... tah naon ngarana anu teu saluyu jeung ajaran Rosul atawa Islam anu sabenerna teh... laina justru eta teh geus murtad? Tah sigana ceuk kuring mah Rosul teh pasti weh ceurik balilihan nenjo kalakuan jalma siga kieu anu sautak saeutik cabok, sautak saeutik duruk, sautak saeutik murtad jeung asup naraka asa nu bogana wae.
Ah tapi ketang da meureun lamun loba anu pamikirana siga kitu jeung ngalaksanakeun Islam anu lain Eusleum mah meureun geus maju ti baheula bangsa ieu teh. Salam, Asep ----- Original Message ----- From: mh To: [email protected] Sent: Friday, December 08, 2006 7:26 AM Subject: Re: [Baraya_Sunda] Pura Siliwangi Gunung Salaki Bogor - Center of The Universe hehehe, jadi atuh sikep kuring nu sok resep leuwih tihiji teh, resep kudua kutilu, tos disebut 'nyandung' nya. da nyandung mah meureun 'goreng' tea. ngarah heroik mah atuh make istilah nu ngiwari we, sikep resep kudua kutilu teh sikep 'jembar manah' tea. atawa naon cenah basa legegna teh, 'moderat', atawa 'humanis' kitu. atawa nu kiwari keur naek daun, 'pluralis' tea meureun nya. naon cenah baheula mah, sikep 'inklusif' tea meureun. salam, mh --- Aa Asep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Hehehe tah kusabab ieu yeuuh urang sunda tega ngancurkeun titinggal > karuhuna hehehe ;)... kulantaran disaruakeun jeung nyandung kekekek. > Padahal mah naon salahna urang datang ka Pura? Naon salahna urang datang > ka Pagoda? Naon salahna urang datang ka Gereja? Rosul wae ngahargaan eta > sakabeh pamimpin agama anu geus aya leuwih lila ti manehna... naha bet > urang mikangewa ka maranehna? Emangna urang lamun datang ka Pura urang > ujug-2 jadi Hindu atawa datang ka Gereja jadi Kristen hehehe :). > > Justru kulantaran Rosul ngahargaan para pamimpin agama samemehna jaman > harita loba jalma anu tertarik ka Islam... kulantaran Islam teh > mikadeudeuh jeung mikanyaah ka sakabeh mahluk di alam dunya ieu. > > Misalna Ziarah ka karuhun naha bet teu meunang sementara Ziarah ka makam > di Arab pas umroh meunang... padahal sarua Ziarahna? Emangna naon > maksudna Ziarah? Ari nu dikanyahokeun ku kuring mah ... Ziarah teh keur > ngahurmat karuhun anu canggih supaya urang aya sumanget bisa leuwih > canggih ti karuhun. Kusabab kitu Rosul nitah ibadah naek haji teh > panungtungan kunaon? Kusabab lamun geus naek haji istilahna mah geus > jadi jalma beresih... tah omat ulah nepika aya kokotor deui. Jadi lamun > diri urang can beresih mah ari ceuk kuring mah rek nanaonan naek haji? > Justru ceuk kuring mah kalahka ngarusak citra haji anu sabenerna... > lamun urg sangeus haji masih keneh lamokot kotor. > > Kulantaran aya kangewa ka mahluk lain ieu anu akhirna aya rasa tega nga- > bom deungeun-2 anu can tangtu salah benerna? Malahan mah bagja pisan > misalna lamun urang agama lain teh meunang musibah beuuuu. Anu > tungtungna ayeuna Bali jadi tunggara? Naha eta kitu ajaran Rosul teh? > Nyangsarakeun batur? Lamun kitu ajaran rosul canggihan keneh ajaran > Siliwangi atuh :P. Gunung wae teu meunang dilebur... sagara teu meunang > di ruksak... buyut wae teu meunang di rempak.... kaharmonisan alam tetep > kajaga anu antukna keseimbangan ekosistem jeung daya dukung lingkungan > oge tetep kajaga ;). > > Ku naon urang sunda jaman baheula selalu nempatkeun makam-2 dina tempat > anu critical... siga gunung, sisi walungan, muara, jrrd... kamsudna mah > keur ngalindungi eta patempatan supaya ulah di rusak soalna lamun geus > di rusak nyaaa lingkungan oge rusak kitu. > > Tah ayeuna buktina kajadian... nagara urang babak belur :(. > > Salam, > Asep > > ----- Original Message ---- > From: mh <[EMAIL PROTECTED]> > To: [email protected] > Sent: Thursday, 7 December 2006 10:57:37 PM > Subject: Re: [Baraya_Sunda] Pura Siliwangi Gunung Salaki Bogor - Center > of The Universe > > heueheuheu, dipikir-pikir, geuning lain agym wae nu nyandung teh nya. > dalah kuring sorangan oge geuning jigana ngamalkeun 'panyandungan' > tayohna > mah. manggih 'jumaah' ngiclik ka masigit. manggih 'pura' kabongroy ku > pura. tepung jeung 'pagoda' duka kumaha. perkara istilah 'parahiyangan' > , > sakadar pikeun ngabejaaan bulu tuur, upama buluan kitu oge tuurna, > hehehe, > jigana lain ngan ukur dipake di lembur urang wae. di tungtung wates > kulon > semenanjung malaya, aya hiji nag ri nu katelah perlis 'indra kayangan'. > kaayaan alamna kurang leuwih jiga di lembur urang, loba gunung nu > lungkawing. > > salam, > mh > > ___ _ _ _ ___ ____ ___/ __| |_ _ _ __| (_)___| __|__ / _ \\__ \ _| || / > _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_ ,_\__,_|_ \___/___/ /_/ /_/ > > ____________ _________ _________ _________ _________ _________ _ > Do you Yahoo!? > Everyone is raving about the all-new Yahoo! Mail beta. > http://new.mail. yahoo.com > > > > > > ____________________________________________________ > Yahoo! Singapore Answers > Real people. Real questions. Real answers. Share what you know at > http://answers.yahoo.com.sg > > [Non-text portions of this message have been removed] > > ___ _ _ _ ___ ____ ___/ __| |_ _ _ __| (_)___| __|__ / _ \\__ \ _| || / _` | / _ \__ \ / /\_, /|___/\__|\_,_\__,_|_\___/___//_/ /_/ __________________________________________________________ Yahoo! Music Unlimited Access over 1 million songs. http://music.yahoo.com/unlimited [Non-text portions of this message have been removed]
