On 12/12/06, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Pan jelema teh lolobana mah, rek disebut KABEH ge kaci sigana mah... > boga ageman teh kusabab KATURUNAN. Kuring ge nya kitu tea... Kusabab > kuring lahir di kulawarga muslim... otomatis JADI muslim. Teu inget... > itaha2na kuring MILIH Islam jadi ageman. >
Leres, jadi ngantosan naon deui atuh? Lamun urang geus ngarasa sawawa, geus bisa milah-milah mana anu bener mana anu salah, nya meureun geus cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa, urang nangtukeun naon ageman anu rek dipilih, atawa rek ngagem atawa moal. Bebas pan? Komo model di Indonesia atawa di nagara2 maju, kapan nu kararitu mah bebas (meureun). Asal ulah sieun ku masarakat we, da lamun rek pengkuh mah, masarakat rek nganggap hideung atawa hejo ge, moal ieuh jadi beban. Nu penting mah urang geus yakin kana naon anu jadi pilihan urang. Leres? > Naon hubunganana ieu kanyataan jeung matematik? Kieu... Loba jalma anu > sok ngarasa PANGBENERNA. Ngarasa agemanana pangalusna, siga formula > matematika. Tah, sikep nu siga kieu ngan jadi modal pikatugenaheun. > Komo make nyabit2 naraka atawa sawarga mah. > Lain keukeuh... sikep nu kieu ku urang kudu dirautan saeutik2. Saba > ieu teh BIANG pacengkadan. > Mun rek ngarasa pangbenerna oge KACI. Tapi ulah awong2an sisirintil ka > batur, keur sorangan we. > Ari ceuk pamikir kuring mah, sakumaha anu kungsi bulak-balik diobrolkeun, urang kudu yakin kana benerna naon anu jadi pilihan urang. Kuring yakin ajen2 Islam teh bener, nya pon kitu oge si X, misalna, anu yakin kana Kristen anu diagemna. Teu aya masalah. Jadi naon atuh anu diributkeun/dipaseakeun teh? [Non-text portions of this message have been removed]
