--- In [email protected], <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sakaterang abdi redaksina henteu kitu kang, nu teu
> dipikaresep ku kaum Salafi/Wahabi teh kaum sufi nu sok
> promosi  pangalaman spiritual pribadina supaya
> diterapkeun oge ku batur. Panginten, upami leres oge
> kenging hidayah ti Allah teh berlaku keur ka dirina
> sorangan, can tangtu ka batur. Tos seueur kajantenan
> murid2na kaum sufi nu jadi lieur, cenah mah teu
> kataekan. Kusabab eta dakwahna ulama Salafi/Wahabi
> umajak supados nyontoan nu pernah dipilampah ku nabi
> tinimbang ka ijtihad atanapi pangalaman spiritual
> pribadi2. Wallahu alam.

Oh kitu? ..... kuring mah ngan saukur meunang beja saliwat. Paingan 
atuh nya Syech Siti Jenar dihukum pati ku para Wali, da bisi 
ajaranana teu "kataekan" ku jalma biasa. 

Nu kuring henteu ngarti, upama macaan sajarah Islam, nu disebut 
kabudayaan Islam majeng teh, di tempatna kaum sufi ieu. Moal boa 
kulantaran sufi teh aya hubunganana jeung olah otak/pikiran nu 
leuwih bebas? beda jeung kaum puritan, nu boga prinsip lamun geus 
kitu teh, keukeuh we kudu kitu, teu meunang dipikiran deui.

Ceuk cenah, Alam pikiran kaum cendikiawan plus kaum sufi di Bagdhad, 
sabagean gede musnah, diancurkeun jeung diduruk ku urang Mongol nu 
naklukeun Baghdad. Dasar urang Mongol masih barbar .... teu 
ngartieun niley hiji buku, pamikiran cendikia, kanyahona ngan ukur 
serbu .... jeung ancurkeun.

Baktos,
WALUYA








Kirim email ke