Kang,

Kuring masih keneh bingung mikiranana. Kunaon sok loba jelema boga
sikep kitu (maksuda teh angkuh tea!). Naon anu jadi sababmusababa na
nepi ka jelema bisa boga laku siga kitu nya? Na TEU diajar hirup
BASAJAN kitu? Pan ceuk budaya oge ceuk agama, manusa teh KUDU hirup
basajan lin?

Cik... aya  u treang kumaha jujutanana?

RH


--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> --- In [email protected], "Rahman" <rsyaifoel@> wrote:
> > Loba jelema begedog, angkuh, sombong ngarasa maneh pangjagona jeung
> > pangdeukeutna jeung PAngeran. Malah mah geus ngarasa boga kavling 
> > di sawarga. Nganggap nu sejen geus dikavlingkeun di naraka.
> 
> Tah perkara ieu, tadi isuk-isuk (Waktu Indonesia Kulon) kuring maca 
> saliwatan koran Tribun Jabar soal ayana pagesek, suasana panas dina 
> Diklat (pendidikan & Latihan) soal Islam. Nu ceramah, sigana hohoak, 
> nyebut kolompok sanes sesat. Tah kabeneran nu disebut "sesat" teh 
> ngiluan Diklat. atuh papada "walk out".
> 
> Enjingna, kulantaran gaduh massa ageung, nu disebut "sesat" teh 
> ngabereyek ka tempat diklat, hiji masjid di Bandung. Untungna pulisi 
> kabujeng dongkap, dijagaan tepi ka anggeusna diklat eta.
> 
> Coba, lamun teu aya pulisi .....
> 
> Baktos,
> WALUYA
>


Kirim email ke