> From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Selasa, 19 Desember 2006  18:54:00
> HTI: Keadilan dan Kesetaraan Gender Misi Liberalisasi Global yang
> Harus Diwaspadai
>
> Medan-RoL-- Hizbut Tahrir Indonesia (HTI) menilai isu keadilan dan
> kesetaraan gender (KKG) yang santer didengung-dengungkan sebagian
> kalangan wanita di Indonesia tidak lebih dari sebuah misi liberilisasi
> global yang diusung barat dan dicoba untuk terus ditanamkan agar
> menjadi konsep hidup masyarakat.

Hihihi ...... sababraha poe kamari dina MetroTV diayakeun padungdengan 
antara kolompok nu pro poligami jeung kolompok nu anti poligami.  Kolompok 
nu Pro poligami diwakilan ku wanoja anggota HTI. Memeh der padungdengan, 
diayakeun heula polling,  salah sahijina patarosan saha nu satuju poligami? 
Kolompok HTI ngajawab 100% satuju. Ditanya deui patarosan nu sejenna, 100% 
deui wae, sarua jawabanana teh sarwa saragam. Beda jeung kolompok nu anti 
pologami jeung kolompok netral, jawabanana teh teu kantos 100% jiga kolompok 
wanoja HTI. Kuring jadi rada ngahuleng, ieu "robot" meunang ngumpulkeun 
timana?

Perkawis sistim perkawinan monogami, lain "sistem impor", tapi sabenerna mah 
asli ti urang Sunda. Buktina loba yen urang Sunda  teh "cenderung" monogami, 
salah sahijina sistem perkawinan urang Kanekes (Baduy) nu monogami. Ngawin 
wanoja leuwih ti saurang, keur urang Kanekes "buyut" (pamali). (Informasi ti 
Kang Duddi). Matak teu heran, diurang lamun aya nu nyandung sok 
disalindiran, dilelewe, diseungseurikeun tepi ka reaksi "heuras" saperti ka 
Aa Gym. Msyarakat di urang nganggap pagawean nyamdung  TEU PANTES.  Jiga 
hitut di hareupeun umum, atawa nyeuhil dihareupeun nu dahar. Hitut jeung 
nyeuhil sadayana oge "halal", tapi nu halal oge pan kudu diukur oge ku 
niley/norma nu aya di masyarakat.


Baktos,
WALUYA 

Kirim email ke