Baraya, Kamari ngimpi deui euy. Kuring diangkat jadi manajer haji. Tah... manajemen kuring mah boga sistem kilir (lain kilir pedah boga pamajikan leuiwh ti hiji alias nyandung tea! he he he). Tapi kilir dina manajemen kuring mah saperti make sistem kuota. Sataun meunang ka haji, sataun deui duit anu asup diinvestasikeun di jero nagara.
Dina eta impian teh, puguh we jelema protes. Naha cenah make wani2 ngatur hahajian. Ceuk kuring, oge dina eta impian, aya dua tujuan anu mere kawenangan kuring ngamenej siga kitu. 1. Mere lolongkrang, sangkan anu harajian teu pabaliut teuing. Saperti time out lah. Rehat...ceuk urang Ma (ja)laya mah. 2. Duit haji anu asup dina eta taun rek digolangkeun heula. Pokona mah rek dimodalkeun nyieun pausahaan naon we lah anu piuntungungeun. Atuh mun teu kapanggih celah jang usaha, rek didepositkeun. Sigana mah gede oge hasilna. Masalah bunga, dina manajemen kuring mah teu dianggap haram ... da ngaran na ge usaha, lain riba atawa nyusahkeun batur. Tapi sabisa2 mah... duit ieu teh rek diinvestasikeun (heula). Hanjakal... ngimpi na teu parat, kaburu kageuingkeun budak.... he he he. baktos, Rahman
