> awalan 'mu'? atawa 'murugul' geus salin rupan jadi kecap dasar anayar. > > loba kecap nu wandana jiga kieu teh. enya aya pakaitna ajeung leupas. geura > toong tah: murubut, morobot, > merejel, morojol, jeung sajabana. >
Kang MH, Dina BS mah taya awalan mu-, tapi aya oge sistem/parabot nasalisasi jang nyieun kecap pagawean. budal ----> mudal borojol---> morojol pasang---> masang beunang--> meunang Ceuk Kang Kumi, ieu kecap teh kecap asal? Kuring mah kurang satuju. Sabab mun ningali konteks na anu aya, ieu kecap teh (dianggap) kecap pagawean. Duka teuing mun aya bukti sejen mah. Lian ti kitu, mun ningali hartina, aya unsur loba(jamak). Eta teh dina BS mah jadi ciciren yen ieu kecap make proses penjamakan make sisipan -ar-. Saperti: budak---> bARudak. Jadi ieu ge bukti kecap jijieunan. Mun aya teori nu sejen, sok angsrodkeun. Resep euy! baktos, Rahman
