Owh... pedah teu percaya kana conto anu diasongkeun Kang Suteja & Kang Asep,
nya? Heuheu...
Dina kamus koneng LBSS, kecap murugul aya dina pedaran kecap bedang:

"bedang: wangkelang, bedegong, murugul, mawa karep sorangan".

Mun nyaksrak internet, bisa oge mendak roman Tempat Balabuh karya Aam Amilia
(pangarang Sunda moyan) anu dimuat di PR (
http://www.geocities.com/ruslannuryadin/pdf/tempat_balabuh.pdf):

Warman sok buad-baeud. Pajar teh lain dedegan jelema bener si Warman mah.
Keur naon dituturkeun. Mun harita kuring ngagugu kana caritaan Ceu Eha,
meureun moal kieu kajadianana. Tapi dasar diri keur dilolongkeun ku cinta,
kuring beuki murugul. Antukna bobogohan teh sok sumput salindung, ngarah Ceu
Eha henteu uningaeun.

"Wawat, Wawat teh geulis, sakola lulusan SMA, piraku henteu loba deui nu
naksir, ngeukeuhan teuing Warman," saur Ceu Eha. Duh, mani asa dikumaha boa
dikitukeun teh. Kabogoh dihina, hate sorangan nu asa diwewejetna. Nepi ka
basa Kang Warman ngajakan indit, kuring henteumikir panjang deui terus
ngaheueuhkeun, terus ngi..........

On 1/11/07, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Susuganan aya kalimah2 anu bisa dicutat tina novel, roman atawa teks
> tinulis sejen na anu make ieu kecap? RH
>


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke