> Lambak Kang? kecap nu jarang kareungeu ku kuring (atawa malah nembe 
> terang ayeuna). Tapi kuring satuju upami hartos asli lambak rada 
> ngaharib-harib kana "gelombang". Jadi meureun "tanah bergelombang" 
> tiasa ditarjamahkeun jadi "taneuh ngalambak" kitu?
> 

Lambak teh ombak badag Kang, gelombang na gede. Ari ombak mah mah
gelombang na leutik.

Sigana mah enya keuna oge, mun make istilah taneuh ngalambak, seng
ngalambak, papan ngalambak.

Kumaha conto nu siga kieu?

"Lambak demonstran anu datang ka istana presiden rek protes naek na
harga minyak tanah."

Kacipta jelema anu ngeungkeuy ngabandaleut, tapi teu sakelompok.
Datang na per grup.

"Radio Pancaroba, lambak 102,5 FM."

"Maneh milu ujian lambak ka sabarah Kang? "

"Ongkoh jalan tol teh anyar, tapi bet lalambakan siga kieu? Sugan
ngaspal na teu bener Jang? "

Cikan Kang, larapkeun dina basa teknis. Nepi moalnya? ;))

baktos,

Rahman

Kirim email ke