Asa kaingetan ku laguna kang Doel Sumbang. "Urang Sunda dimarana ?,
Urang Sunda Kamarana ? ". tah eta ka alamana ku Sim kuring di
Balikpapan. rek ngahudangkeun urang sunda asa ku hese !
Boroning ngamumule kana kesenian atawa bahasa , rek ngumpulkeun dina
hiji ririungan oge tara kacumponan.
Ari ni jegud hese waktuna jeng itungan nana naon kauntungan nana
karumpul kitu, ari jelema leutik loba ka era jeung delitan teu
meunang ka dupak saeutik langsung pundung.
Beda jeng urang jawa, kumpulan paguyuban teu sirikna unggal kota
aya, bih madiun, trenggalek, jrr. na ari urang sunda ? nyieun
paguyuban jang sa propinsi oge meni hese ngahudangkeun nana
(Paguyuban Padjadjaran).
Kadang sok jadi bahan diskusi leutik jeng dulur 2. naha naon sabab
na bet kieu ari urang sunda ?
Lamun ningali kana sajarahna memang urang sunda mah diogo lelembur
teh. da ku Gusti Alloh dibere taneuh nu subur, cai cur cor jadi
naon wae nu dialungkeun tangtu jadi. usaha teh teu soson-soson jiga
batur nu kudu rajin jeung apik karak mulut hasil. tah eta teh kabawa
nepi ka kiwari lamun ngumbara meunang kasusah kahayangna balik ka
lembur bari ti lembur digupayan wae.
basana teh " jang daripada sangsara dimana mana mendingan balik ka
lembur, dimana-mana dahar sangu dilembur ge dahar sangu, mendingan
balik ngumpul ngariung !" tah eta nu nyieun mental urang sunda jadi
leuleus lir kapuk ka hujanan.
Beda jeung batur, mang rupa hiji ka banggaan mun bisa hirup ajeg
sorangan teu nampa muntang ka nu lian.
Sok Atuh URANG SUNDA GEURA HUDANG !!!