--- In [email protected], Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Sampurasun !
>   Manawi aya rerencangan di dieu ?

Kempes... eh... rampes Kang Dien,

Wilujeng sumping di milis BS, wilujeng tepang sareng kuring spk di ieu
rohangan.

Teu seueur rencang di dieu mah, tapi mun urusan ngobrol mah sok
pabalitu we he he he. Pokona mah tukang ngacpruk wungkul. Di ieu forum
mah rek ngcapruk naon ge KACI. Moal aya nu garah geureuh... Lia ti
kitu, ieu milis TEU dimoderatoran. Memang... kuring marajian ieu
milis, ngan lain moderator. Da geus karolot lin... piraku teu bisa
ngatur sorangan he he he. Sireum ge laleutik bisa ngatur sorangan... ;))

Kulantaran kitu... lawang ieu forum mah dibuka lebar2... Asup pek....
kaluar heg... kaluar-asup ... sabodo... he he he. Da mun geus teu
barutuheun mah bisa oge pareum sorangan.

Punten KAng. Kuring langsung make basa panengah. Da dina ieu forum mah
memang biasa kitu... togmol jeung 'sok aakraban'.

Sok prung ah Kang, ngadu rahul... ambeh rame!

baktos,

Rahman
urang Sukabumi di NL

Kirim email ke