Kang Rahman,
Leres pisan :D... eta salah sahiji kalemahan urang sunda :D... istilahna mah 
bageur teuing jadi kadang sok elehan :). Ieu kajantenan pisan ku Siliwangi 
versi Pemangku Adat Pura Siliwangi Bogor :D. Pas harita diserbu manehna teu 
ngaluarkeun elmu kadugalan nana malahan mah kalahka tilem soalna manehna gaduh 
prinsip saurna ... aaah keur naon ribut jeung sagala rupa ngan saukur rereged 
dunya :D. Lamun aing ngalawan rahayat keneh anu ancur... nya geus weh ceunah 
mun kitu carana aing tilem indit ti dieu trus ngalalana nyebarkeun elmu aji 
putih anu sajati :D.

Disisi lain abdi ninggali ieu pasipatan teh hiji hal anu positif oge :)... abdi 
ninggali Figur Siliwangi mirip sami sareng Syekh Dubai Al Rashid tea... dimana 
manehna mah teu paduli urusan Syiah atawa Suni, teu paduli kayakinan na naon 
... nu penting rahayat Dubai maju. Apa yg bagus buat pedagang / pengusaha bagus 
juga buat dubai. 

Di Sunda mangga weh tinggali... pasipatan urang sunda welcome ka sasaha ... 
ngan ka belah dieu kumargi aya "PENGARUH" janten urang sunda oge resep RIBUT. 
Welcome pisan... urang padang, urang batak, urang bule, dlsb... welcome rek 
usaha naon wae mangga. 

Ngan hanjakal na teh... kabageuran urang sunda ieu teh sok loba dimanfaatkeun 
anu antukna gampang katipu, kabobodo, jrrd. Taaah panginten ieu PR ka urang 
sunda kanggo ngaevaluasi diri supados tiasa langkung smart.

Ngeunaan peninggalan secara fisik eta... nya eta Kang... kumargi budayana anu 
teu monumental, natural n' organic janten teu aya paninggalan anu ageung... anu 
aya mung falsafah oge way of life oge tradition anu hade... anu ayeuna geus 
mulai pudar kumargi kirang paduli jeung teu dikembangkeun :D.

Justru ieu anu memotivasi abdi harita ngadamel Sundanese Culture Development 
Center :D... harita di kampus nuju hedon ku aliran modernism, post modernism, 
kontemporer, abstraks, aya oge organic, jrrd... tapi jarang anu daek ato wani 
ngembangkeun oge ngulik budaya local sorangan... pas ku abdi di guar sakedak 
sakedik.... duuuuh Gusti geuning eduuuun suredun pisan budaya urang teh, 
utamina mah dina kamajuan berfikir urang sunda jaman harita :D. 

Abdi yakin tiap daerah oge gaduh budaya local anu edun suredun oge da nya eta 
pan konsepna budaya teh ... hasil pamikiran manusa keur ngalarapkeun jeung 
kondisi environment, social, jrrd... kusabab eta tiap budaya bakal unik jeung 
teu bisa di banding-2 keun :D.

Trus oge abdi nembe terang kunaon urang sunda panggungna ngan sameter trus 
nganggo sistem anu elastis... kumargi ceunah mah posisi sunda oge anu teu 
jauh-2 ti pusat gempa (loba gunung tea apanan)... taaah tidieu urang sunda 
kreatip ngadamel sistem struktur anu kuat nahan gempa .... mangkana harita oge 
pupuhu di lembur nyieun wangsit omat nyieun imah ulah di tingkatkeun... sigana 
based on experience harita... nu imahna tingkat ancur lebur :D. Taaah nu imahna 
samodel ayeuna... aman tengtram kertaraharja... kumargi pas di geol-2 ku bumi 
kalahka ngilu geser kiri n' kanan :D. Canggih pisan ceuk abdi mah.

Sigana salain prinsip kasederhanaan oge kumargi masalah ieu oge urang sunda 
kreatip teu ngadamel bangunan anu monumental :D.

Upami bade ninggali karya anu monumental ceuk abdi mah bisa dilebetkeun kana 
world heritage sites.... CADAS PANGERAN di Sumedang :D. Jaman harita can aya 
beko atawa bull dozer urang sunda ngan ngamodal pahat jeung balincong oge 
pacul... tiasa nyetak Gunung CADAS booo... janten Jalan. Mangga we ku nyalira 
cobian mahat cadas kumaha karaosna :D.

Ieu nunjukeun kasakten jeung kadugalan urang sunda ... in terms of heuheurasan 
... once again urang sunda tiasa ngadamel tapak dina batu ... ari jaman 
siliwangi mah ku dampal suku :D... taaah jaman pangeran kolonel mah ku pahat :).

Jadi instead of ngadamel candi tina batu... mendingan ngadamel jalan dina 
gunung batu anu mangfaatna dugika ayeuna karasa pisan utamina mah ku abdi 
hehehe :D.

Ngan hanjakal terakhir ka sumedang ... pamarentah lokalna teu paduli janten eta 
cadas ari baheula mah seueur pisan tatangkalan taaah eyeuna mah mulai gundul :D.

Sedih pisan Kang ... da geuning anu ngaruksak mah lain deungeun-2... bangsa 
urang-2 keneh. Mangkana abdi mah sok BT pisan lamun aya batur urang hohoak 
misalna nyarekan bangsa batur, nyebut KAPIR / BIADAB sagala rupa... tapi bangsa 
sorangan utamina mah disabundereun urang sorangan anu jelas-2 ngeus ngaruksak 
di antep :D. Kadang sok hayang seuri... hiduuup jihad ngalawan anuuu ceunah... 
rela mati demi anuuu ceunah!...daek dikirim ka anuuuu!! Haaaar eta anu jelas-2 
ngaruksak hareupeun manehna kalahka dicicingkeun hehehe!

Nu sanesna 18 makam raja- raja sunda saatos Siliwangi oge pan geuningan bade di 
eleb hehehe :D. Urang sunda nya ngiring bingah we ceunah... paduli teuing di 
eleb oge... emangnye gue pikirin :(.

Pas mudik ka lembur abdi kaleresan nyempetkeun datang ka Makam Eyang Santapura 
- Patih Sumedang Larang... hoyong terang kitu. Karunya pisan makamna kirang 
dirawat... teu sapertos MING TOMBS-na China hehehe... geus di pasihan plang 
sagala di jalana ceunah rek di eleb. Wargana oge bingah we da meunang 
penggantian artos ti pamarentah... malahanmah anu tadina miskin hirup 
basajan... ngadadak meser motor jeung mobil oge malahan saurna dugika loba anu 
naek haji meunang hasil panggantian sawah oge imahna... abdi mah mikir keun 
kahareupeun we... pas engke eta di eleb duit maranehna eta beak ... rek 
karumaha eta nasibna? maenya yu dadah yu babay... terus ngabarabay weh jadi 
pengemis :(. 

Kalemahan na eta sigana gampil pisan dibobodo Kang... contona we Waduk 
Jatigede... waduk teh bagus ceunah berkontribusi ka nagara ceuk batur teh, keur 
pengairan jeung electricity... jadi wayahna kudu daeknya di eleb!!! ... padahal 
mun dipikir-2 ceuk DPKLTS oge masalahna sanes di wadukna tapi di sumber 
caina... eta waduk jatiluhur ge geuning kamari di PR teu maksimal teu aya caina 
:D. Trus pan ngawangun waduk pan bisa dimana wae... naha bet ditempat anu 
subur, aya 18 makam titinggal raja- raja sunda pasca Siliwangi? Acaan deuih 
ceunah tinjauan secara geologis oge di daerah jatigede teh rawan? Kunaon 
dipaksakeun, Why? When common sense doesn't work ceuk bule mah there must be 
something hidden? Naon tah anu hidden-na? Mangga we eta mah interpretasikeun ku 
sadayana :D.

In the near future lamun eta waduk kajadian... anak cucu urang nanya, mana 
titinggal karajaan sunda pasca siliwangi? Jawabanna simple tuuuh dieleb ceunah 
;). Beuki we teu aya atuh nya paninggalan teh... keur mah eukeur titingal teh 
minim pisan ... nu aya oge di eleb hehehe :D.

Salam Cadas Pangerang For World Heritage Sites :D,
Asep 


----- Original Message ----- 
  From: Rahman 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, February 22, 2007 3:26 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Kesederhanaan ~ Simplicity -


  Nuhun Kang Asep,

  Anu dimaksud ku kuring mah kieu. Kuring curiga... budaya Sunda teh teu
  maju2 lain kulantaran basajan, tapi kurang excel. Hartina teu boga
  gereget sangkan bisa (katembong) maju.... ayeuna oge baheula.

  Hiji budaya jeung peradaban anu hebat jeung kuat, PASTI ninggalkeun
  artefak (hasil budaya material) anu hade. Tong jauh2, budaya Jawa bisa
  jadi rujukan urang. Borobudur jeung Prambanan bisa dijadikeun conto
  hebatna ieu budaya Jawa.

  Balik ka Sunda, di urang mah teu sacewir2 acan titinggal karuhun anu
  bisa dipikareueus. Ketah... mudah2an we can kapanggih. 

  Basajan teh alus. Kabasajanan dina budaya teh sigana mah malik goreng,
  sabab nu basajan mah sok karered batur. Tah, lebah mana urang kudu
  bisa nempatkaeun basajan? 

  Basajan teh pan teu sarua jeung nyempod dijuru... diituhetah ku batur.
  Lebah dieu urang Sunda kudu boga terkah sangkan "kabasajan" anu sok
  dipiagul tea ulah disalahkaprahkeun.

  Carana mah duka teuing. Ngan ieu masalah teh kudu dipikiran ku urang
  balarea.

  baktos,

  Rahman



   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke