Akangs n' Tetehs, Nyarioskeun mesin JUMROH otomatis abdi kapikiran ngeunaan business opportunity anu menarik ;)... naha pas keur haji eta teu didamel nya mesina anu otomatis tiasa ngajumroh anu kantun mencet tombol kitu ... dari pada kudu ngalungkeun nyalira pan bisa salah kalahka keuna kanu sirah batur ... malahan jadi dosa pan nganyerikeun batur :D... mending weh aya mesina :D...janten jalmi nu naek haji eta kantun dongkap ka stand JUMROH anu tos ready misalna aya rebuan atawa ratusan tombol JUMROH kantun mencet eta tombol maka otomatis si batu eta bakal di tenggorkeun... terus si batu eta engke di kumpulkeun otomatis kanggo di reload kana mesin deui ... pan gampil pisan eta ngadamelna jeung raoseun pisan sigana antri tiasa rapih jeung cepet ngan saukur mencet tombol wungkul :D... teras oge meminimalisasi bahaya katenggor, jrrd. Pan nu utamina mah JUMROH-na sareng penghayatan konsep JUMROHna eta :D... metoda na mah bisa kumaha wae :D.
Manawi aya anu gaduh akses ka Pamarentah Arab, sigana tiasa ngadamel proposal tah ka pamarentah Arab keur ngadamel Automatic Jumroh Machine kitu :D. Engke Sloganna kieu... Jumroh Online - Sucikan Jiwa Dgn Melempar Setan :D. Tah mun SMART, Arab tiasa oge ngadamel konsep JUMROH ONLINE from all over the world :D... engkena kantun register ka www.jumrohonline.com.arab teras ngagesek kartu kredit heula kakarak si tombol jumroh tiasa di pencet tina komputer dimana wae... malahan ku ayana GPRS, 3G tiasa anywhere, anytime tea apanan :D...janten pas musim haji tiasa ngajumroh timana wae :D. Kabayang tah target marketna umat muslim sadunya ieu aya sabaraha :D. Tinggal dikali biaya registration weh waaah tadjir tah :D... misalna wae biaya registrasina atanapi aktivasi tombolna mung 50 USD pas musim haji ... tah pan eta kaasup mirah dibandingkeun upami kudu naek haji langsung :D... tah mun pas musim biasa biayana mung 5 USD :D. Komo deui engke misalna ulama Arab ngadamel FATWA bahwa ngajumroh via Jumroh Online sami sareng nyucikeun diri kucara maehan setan anu aya dina diri urang :D. Lamun berhasil jiwa urang bakal beresih jeung bakal asup surga :D. Teras Jumroh oge engke dibuka setiap saat kitu ... iraha bae urang ngarasa ngalakukeun kasalahan/ dosa maka tiasa login ka jumrohonline.com.arab supados urang tiasa mulai tobat hehehe :D. Waaah terus aya oge dijual prepaid card keur JumrohOnline ... anu teu gaduh PDA atanapi komputer, aya oge JumrohOnline Device samodel HP anu eusina keur mencet tombol jumroh wungkul... anu engkena tiasa di reload ku samodel sistem pulsa ayeuna :D... misalna tiap dinten urang ngalakukeun kasalahan maka mencet Jumroh Device eta terus pulsana berkurang ;)... upami seep tiasa meser deui kanggo di reload :D. Atawa engke upami tos advance tiasa oge anu post paid ... janten eta mah ditagihna bulanan kitu :D... paymentna tiasa auto debet nganggo kartu kredit atanapi rekening bank langsung :D. Contoh perhitungan kasar kanggo bisnis JumrohOnline :D... Misalna penduduk Islam sadunya aya 1 Milyar... misalna anu tertarik aya 1%-na = 10 juta anu ngalakukeun JumrohOnline = 10jt x 50 = 500 Juta USD tah :D. Upami nuju law season misalna mung 1 juta per bulan = 1x5 USD = 5 Juta USD :D... Operating expenses kanggo promosi oge lain-2 misalna 50%, profitna eta lumayan pisan :D. Hihihi punten ieu mah intermezoo we... tiasa heureuy tiasa serius :D... kantun dilenyepan wae :D....saleresna mun di seriuskeun oge numutkeun pamendak abdi mah layak pisan dijalankeun bisnis na :D. Walopun ideu na rada-2 "CUNIHIN" jeung nyeleneh :D. Tapi justru nu nyareleneh kieu biasana sok MENARIK :D. Salam Nyeleneh, Asep [Non-text portions of this message have been removed]
