Eh..geuning aya balad anu ti mBogor deui, sim kuring oge sok waas ari ka gang 
selot baheula ahir th 70an keur sakola di SMA I, naha aya keneh anu dagang 
"Geco" (toGe jeung tauCo)  di dinya? Kang Rusli angkatan sabaraha ti SMA I na? 
cag ahhhhh.

Aasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  Kang Rusli,
 Rorompok abdi di Babakan Fakultas - Duta Pakuan, pengkereun komplek dosen IPB 
baranang siang. Damel janten kuli di Hotel Salak The Heritage macul di bagean 
Business Development sareng Marketing Intelligence ;))... aya deui nembe kamari 
nyupprot janten padagang di perherbalan brandna Dr. Liza Herbal tea kanggo 
tiasa penetrate ka dunia luar.... ayeuna tos mulai ka Brunei, Malaysia... nuju 
di ropeakeun ka Middle East sareng Europe :D... eduun China tos mangkal tah di 
Middle East euy... bravo lah ka China. Nu sanesna macul diperminyakan oge... 
janten wawakil di endonesa sareng asia pasifik kanggo perusahaan anu namina 
Fiberod oge Nutech... usaha Properti sareng Kebon oge aya mung nuju ngarintis 
keneh :D. Palugada lah Kang.... Apa Loe Mau Gue Ada ;))... mangga bilih aya anu 
tiasa di geol bareng hayuuu deuh, nu penting win-win jeung real :D.
 
 Abdi resep offroad tapi nu light upami nu hardcore maaah eta namina program 
ngaruksak mubil :D... samodel outbound atanapi camping weh sareng kulawarga... 
biasana upami ka lembur sok ngadon ngecrik disisi walungan oge ngabakar lauk 
kitu :D.
 
 Waaah Nissan Patrol eta ajiiib oge Kang... abdi kantos ninggali di Majalah JIP 
aya nu nganggo ban 48 eduuun pisan asaan mah nu modifna urang bandung :D.
 
 Jeep Utility atanapi MUTT eta lumayan ajiib Kang kaasupna Collector Item :D... 
hargana lumayan teu kiaaat nanjaak kanggo abdi mah... upami Kang Rusli mah 
percanten :D. Sabaraha na mah tergantung kondisi Kang... upami gado-2 (tos di 
mix sagalarupi) palingan 20 jeti tos ngageleser ;))... upami nu fully original 
tiasa 100 jeti oge rada sesah milarina :D.
 
 Upami abdi ayeuna nuju resep ka LandLover eeeh Landrover jip dadamelan Inggris 
anu LWB = Long Wheel Based eta ajiiib pisan kanggo oflod sareng kulawarga :D. 
Hoyong na mah engke di mount sareng tenda oge di pengkerna disadiakeun 
paralatan masak pun bojo... janten mun abdi nuju ngecrik pun bojo nyiapkeun 
liwet sareng sambel... pas beres cape ngecrik urang duruk eeeh bakar eta laukna 
dibarengan ku lalab alaaaaaah ajiiiib pisan eta Kang :D. Mung nya eta tabungan 
teu acan pinuh-2 geuningan janten nya ngoleksi die cast-na we heula hehehe :D.
 
 Nu sanesna abdi resep motor kolot anu masterpiece samodel honda c70... kenging 
taun 74 nembe beres di recondition ti bengkel kantun ngecet :D. 
 
 Salam Oplod,
 Asep
 
 ----- Original Message ----- 
   From: rusli 
   To: [email protected] 
   Sent: Thursday, March 08, 2007 9:52 AM
   Subject: Re: [Baraya_Sunda] urang BOGOR
 
 Kanggo Kang Asep sareng Urang Bogor sadayana
 
 Aeh aeh eta ! geuning akang teh aya dibogor . dimana kang rorompok 
   teh ? sareng upami damel dimana ?
   Abdi mah urang lembur, ti Jonggol kang. mung sakola kantor ka kota di 
   SMA I bogor da kosna ge pengkereun sakolaan di Gang Selot
 
 Katingalina akang resep kana Off Road nya da make 4x4 sagala jadi 
   sempat teu sempat alias kudu !!
 
 Kuring ge resep kana Off Road teh, biasana ngurek belut jeng neangan 
   simeut (pan sarua Off road eta ge ). tapi memang kuring boga kahayang 
   gaduh mobil nu kitu. ari pun mamang mah di puspitek serpong tos gaduh 
   Nissan Patrol sareng Gladiator. eta ge sok ngomporan iraha ceunah off 
   road bareng ! 
 
 Kang terang teu kana jeep Utility ? aya bocoran cenah aya nu nongkrong 
   di garasi tah upami pasaran nana sabarahanya ? 
 
 baktos
 
 rusli
   ]
 
 --- In [email protected], "Aasep" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
   >
   > Siiip deuuuh Kang Rusli urang ngadogdog ke di Bogor :D. 
   > Haaar abdi di Cina tihongkong? Abdi mah di Bogor ayeuna :)... sigana 
   eta AsepCingCau.com.cn meureun cabangna Kang ;). 
   > > 
   > . 
   > 
   > 
   > [Non-text portions of this message have been removed]
   >
 
 [Non-text portions of this message have been removed]
 
 
     
                       

 
---------------------------------
Bored stiff? Loosen up...
Download and play hundreds of games for free on Yahoo! Games.

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke