Ngobrol2 soal laptop, kuring jadi inget baheula, laptop kuring leungit 
ku babaturan. Caritana kieu, babaturan teh ngagawekeun pagawean di 
Surabaya. Kulantaran pagaweanana kudu make laptop, nya mamawa laptop  
kuring. Waktu balik manehna make beus peuting (beus malem). Indit ti 
Surabaya teh jam 3 sore. Omongna mah manehna geus ati-ati, laptop teh 
teu diteundeun dina rak diluhureun korsi, tapi dikempit ku dua sukuna. 
Dina beus manehna sare, maklum sapeupeuting, ngan kahudangkeun teh 
cenah waktu beus eureun di Cirebon, aya nu turun panumpang duaan.

Tepi ka Bandung, jam 6 isuk-isuk, langsung naek taksi, ngajugjug imah 
kuring, rek mikeun laptop jeung hasil pagaweanana ka kuring. Tepi ka 
imah teh manehna angkaribung, mawa alat-alat jeung tas Laptop 
disorendang. Sok laptop diteundeun di meja. Kulantaran kuring hayang 
geura ningali hasil pagaweanana, serelek tas laptop 
dibuka ....ngajenghok .... dijerona lain laptop, tapi aqua (cai nginum 
botolan) aya lima botol nu 600 ml.

Kurang ajar eta bangsat, apal kana beurat laptop. Laptop dicokot tina 
tasna, terus diganti cai nginum botolan lima siki, nu beuratna ampir 
sarua jeung laptop. Nu mawa teu curiga ....da rarasaanana laptop masih 
aya da "beuratna" masih karasa.

Ti harita lamun indit2an kana kendaraan umum,  kuring tara mawa laptop 
jeung tas aslina, tapi diasupkeun kana tas sejen ...nu teu ngaharib-
harib jeung tas laptop.

Baktos,
WALUYA 
 


  


--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Tolak Laptop, Hemat Uang Rakyat
> 


Kirim email ke