--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Tapi cenah di nagara2 Skandinavia mah langkung aman, leres kitu eta > teh? Wah Kang, ari kangaranan bangsat mah di mana bae aya atuh he he he. Di tiap basa naon bae ge pan PASTI aya kekecapan bangsat mah. ANu beda teh meureun kategorina wungkul. Tapi ari kangarana bangsat mah .. nya keukeuh we bangsat. Mun ningali kanyataan jeung pangalaman anu aya mah, biasana di pasisian leuwih aman tinimbang di kota. Oge di kota2 di Skandinavia anu pernah kadatangan... ah teu beda we jeung kota2 sejen na. Nu lieur ge loba he he he. Ngan lebah di pasisian mah ngahenang ngahening... da ketah manusa na ge euweuh, teu pasesedek siga di NL. ;)) Di saung kuring di Prancis 500 KM kiduleun Paris, kaitung aman oge. Panto ge tara ieuh dikoncian. baktos, Rahman
