baraya, karek bisa deui noongan milis, manggih serelek nu
nyabit-nyabit ngaran tempat, utamana 'sarkanjut' jeung 'cibudug'. ieu
mah ngan ukur info tambahan wae, ngarah pangacaprukan teu luar-leor
teuing, tina beja pabeja-beja. sainget kuring eta ngaran dua kampung
teh nepi ka kiwari masih keneh aya. pernahna eta dua tempat aya di
kacamatan leuwigoong, garut. baheula mah, saacan dimekarkeun kaasup
kacamatan leles. 

aya dongeng nu kungsi kadenge perkara ngaran sarkanjut. cenah ceuk
dongeng kolot, hiji mangsa kian santang keur ngambah jomantara kanjut
kundangna ragrag di hiji tempat, cenah pas ragrag ka situ. kulantaran
kitu bagenda kian santang turun mubus situ, NYASAR-an dasar situ
neangan KANJUT KUNDANG. Tah kulantaran kitu eta kampung katelah
nya-SAR-KANJUT-kundang, nu kiwari jadi SARKANJUT. situ tempat
panyasaran kanjut kundang, kiwari masih aya keneh, ngan beuki dieu
beuki ngaheureutan, tungtungna ukur jadi balong gede. wallahu'alam. (mh)

--- In [email protected], "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> --- In [email protected], "Aasep" <asep4x4@> wrote:
> >
> > Kang D n' Kang R,
> > Sapertosna ieu ciri khas nami tempat di Sunda anu numutkeun pamendak 
> 
> Sigana mah... ieu oge patula patali pisan jeung sikep bangsa urang anu
> kurang ngaharegaan sajarahna sorangan? Mun urang ngaganti ngaran
> tempat samanea siga kieu, hartina urang TEU ngahargaan buyut2 urang
> sorangan anu geus nyiptakeun ieu ngaran.
> 
> Teu kaharti, naha bet gagabah kitu? Pedah teu luyu jeung kereteg urang
> ayeuna anu ngarasa moderen kitu? Teuing... teu kaharti keur kuring
> mah. Eta dina kasus ngaran Cikanjut? Naon salah na? Pedah mawa2 kecap
> kanjut kitu...? Naha enya aya hubungan jeung kecap kanjut dina harti
> bobogaan lalaki? Nya kudu ditalungtik heula atuh... pan kekecapan teh
> sok ROBAH hartina. Boa2... euweuh hubungan jeung kanjut bobogaan para
> Akang. Pan teu lucu... ujug diganti, bari argumen na teu nyambung!
> 
> Naha euweuh aturan jeung UU anu ngatur perngaranan kitu nya?
> 
> Wuah... nanya wungkul! ;)) R
>


Kirim email ke