Enya sabenerna aran tempat teh aya hubunganana jeung riwayat tempat 
eta. Di lembur kuring aya tempat aranna pambegalan nu hartina 
baheulana tempat begal (rampog) ngabegal. Tempat ieu sisi jalan 
Bandung-Cirebon, kurang leuwih 6 km ti Sumedang ka arah Cirebon. 
Cenah baheulana aya tangkal caringin gede didinya teh. Tah begal teh 
didinya nungguan nu lalar liwat. Keur budak sok keueung ari ngaliwat 
kadinya teh, sanajan geus aya lembur jeung tangkal caringinna ge 
geus euweuh. Kulantaran ayeuna mah geus rame, urang dinya embung 
lemburna disebut Pambegalan ... nya dirobah jadi Marga Mulya!

Eta dilembur, di kota mah geus puguh. Tempat ayeuna kuring cicing di 
Bandung, baheulana mah katelah Ciharalang ....jebul weh developer 
perumahan. Ngarah payu imahna, aranna diganti jadi Bumi Asri, bari 
jeung euweuh asrina, maklum developer BTN ....hehehehe.

Tapi nagara ge sakapeung sok pipilueun ngarobah-robah aran tempat. 
Nagara kungsi ngaganti Sagara Hindia jadi Sagara Indonesia, bari teu 
laku di dunya Internasional mah. Nagara oge ngarobah aran kapuloan 
SUNDA KECIL jadi Nusa Tenggara. Sigana mah nu ngarobah alergi kana 
kecap SUNDA, tepika kudu dirubah. Ieu oge teu diaku di dunya 
internasional mah, da dina atlas wedalan ti luar mah tetep we 
disebut Lesser Sunda ....

Ngarobah aran tempat, walungan, laut, pulo  jrrd lolobana keur 
kapentingan duit (ekonomi) jeung kakawasaan (politik). Keur 
kakawasaan supaya siga Jugala (gagah) jeung kahot (kolot/buhun). 
Padahal sabenerna kecap Indonesia oge anyar jeung meunang nyiptakeun 
urang bule.

Aran .... naon hartina aran (Shakepeare)? ....urang asli Amerika  
tetep we beda jeung urang India di Asia, sanajan Columbus ngaranan 
maranehna urang India (=indian), kulantaran Columbus nyangka geus 
tepi ka India, tujuanana.


Baktos,
WALUYA

-- In [email protected], "Aasep" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang D n' Kang R,
> Sapertosna ieu ciri khas nami tempat di Sunda anu numutkeun 
pamendak abdi mah saleresna FUNKY ;))... gawul... nyeleneh... rada 
jorang :). Urang Sunda mah pan saur Kang Doel Soembang oge kedah 
cunihin ... lamun lalaki teu cunihin namina kuper :). Mangkana 
seueur pisan urang sunda anu tiasa janten trend setter :). Kumargi 
nya eta gawul sareng cunihin na dipiara ;)).


Kirim email ke