--- In [email protected], "Aasep" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang D n' Kang R,
> Sapertosna ieu ciri khas nami tempat di Sunda anu numutkeun pamendak 

Sigana mah... ieu oge patula patali pisan jeung sikep bangsa urang anu
kurang ngaharegaan sajarahna sorangan? Mun urang ngaganti ngaran
tempat samanea siga kieu, hartina urang TEU ngahargaan buyut2 urang
sorangan anu geus nyiptakeun ieu ngaran.

Teu kaharti, naha bet gagabah kitu? Pedah teu luyu jeung kereteg urang
ayeuna anu ngarasa moderen kitu? Teuing... teu kaharti keur kuring
mah. Eta dina kasus ngaran Cikanjut? Naon salah na? Pedah mawa2 kecap
kanjut kitu...? Naha enya aya hubungan jeung kecap kanjut dina harti
bobogaan lalaki? Nya kudu ditalungtik heula atuh... pan kekecapan teh
sok ROBAH hartina. Boa2... euweuh hubungan jeung kanjut bobogaan para
Akang. Pan teu lucu... ujug diganti, bari argumen na teu nyambung!

Naha euweuh aturan jeung UU anu ngatur perngaranan kitu nya?

Wuah... nanya wungkul! ;)) R

Kirim email ke