--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Kang RH, ieu sigana contona kumaha sajarah lamun dimanipulasi keur > kapentingan masing-masing. Sajarah jadi lain elmu pangaweruh deui, > tapi ukur alat keur ngalegimitasi hiji kapentingan. Loba versi dina > sajarah sabenerna mah teu masalah, asal keur neangan BEBENERAN. Ngan > lamun geus pakait jeung kapentingan sejen diluar elmu pangaweruh, lain > BEBENERAN nu kapanggih malah papasean jeung kaheurasan nu mucunghul. > Kang Wly, Enya kitu pisan sigana mah. Manipulasi agama jang tujuan pulitik teh geus dipake ti beh ditu keneh. Da agama mah gampang pisan dipake na jang ngamobilisasi umat (baca: publik!). Make instrumen agama (kaasup sekte) gampang pisan MAKE publik tea ku jalan; rek diadukeun, rek diojok2 make DALIH jeung argumen kaagamaan (naon bae lah0. Mun euweuh ge pan bisa diaya2keun. Kuring mostingkeun dongeng2 siga kieu teh, lain hayang sohor atawa lantaran kuring nyaho (wuah boro raah nyaho!), tapi hayang bisa babagi pamikiran nu can tangtu bener na. Ari tujuanana mah, sangkan urang SAREREA ulah nepi ka dijadikeun instrumen alias alat ku batur anu boga agenda hayang KAWASA. Konflik anu aya di dunya...PASTI didasarkeun kana konflik kapercayaan, boh intern ... boh ekstern. baktos, Rahman
