> Dadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Punten sim kuring bade tumaros. Manawi aya anu tiasa masihan > katerangan tina perkawis.... MUNJUNG, MUJA, NYEGIK, NYUPANG SSJB. > Naha leres hal ieu aya dina kanyataanana atawa ngan saukur silib > pikeun ngagambarkeun sifat jalma sarakah anu ayeuna nerekab dimana- > mana ? Mangga ka para sepuh, punten hoyong dipasihan bongbolongan.
Hehehehe .... Kang Dadi, lamun beunghar bisa ku munjung, meureun jalma teu kudu ngalakukeun maksiat atawa kajahatan (kriminal) keur neangan harta banda, mending munjung we, da engkena bakal sarua wae, (cenah) bakal asup ka naraka. Sabenerna tuduhan munjung ka hiji jalma, leuwih didorong ku rasa sirik (iri) atawa teu asup kana pikiranana kunaon jalma nu dituduh jol-jol pudugdug weh beunghar. Tuduhan munjung biasana dituduhkeun ka nu boga profesi dagang atawa usaha. Tuduhan munjung jarang ditujukeun ka pagawe (kuli). Nu nuduhna bisa ti kalangan nu usaha deui atawa bisa oge ti tatangga di lemburna. Di nu usaha memang loba pisirikeun. Contona dina usaha rumah makan weh. aya Rumah makan nu kacida payuna ngelehkeun RM sejenna nu daganganana sarua. Kitu deui di pasar, sok aya kios nu meulina nepika napuk, ngelehkeun warung sejen nu daganganana sarua. Dina situasi kieu, mucunghul weh tuduhan munjung sabab teu kaharti kunu nuduh, kunaon nu balanja teh bet napuk di toko/kios eta wae. Keur ngajawab nu teu pikahartieun ieu, nya diteangan jawaban nu paling gampang, nyegik si eta mah. Baktos, WALUYA
