Kang D n' Bah W,
Saur Mama Kuwu mah di lembur kieu saurna fatma eeeh fatwa na teh... urang mah 
kedah munjung kanu Agung sareng muja kanu Kawasa taaah saha deui anu Pang 
Agung-na sareng Pang Kawasana ingang ti Gusti Nu Maha Kawasa Nu Maha Murbeng 
Alam ;)).

Janten upami munjung ka dedemit atanapi ka bagong atanapi ka ifrit mah atuuuh 
eta mah ngarendahkeun diri sorangan ;))... kadang mah sok lucu kitu nya ;)). 
Upami abdi mah mikirna simple wae... Bill Gates, Steve Jobs, Juragan Ford, 
Juragan Honda, Juragan atoyoT, juragan Google, Juragan Yahoo ;)). pan eta tiasa 
beunghar tur makmur teh sanes ku munjung kanu kitu patut pan ;)). Eeeeh duka 
ketang upami saleresna mah... Bill Gates sareng Steve Jobs teh rutin kitu 
sabenerna miara bagong misalna nyegik hahaha.

Asaaan mah teu aya kacaritakeun nu beunghar bener- bener beunghar munjung 
;))... Mama Kuwu weh dilembur kacaritakeun cukup mahardika dina cash flow na 
sanes beunghar tapi cekap kitu... da nya eta geuning... ti susruk ti dungdung 
... indit subuh balik peuting usaha sateker kebek dilakonan keur neangan rejeki 
anu saeutik ;)). Taaah bari jeung munajat ka nu Kawasa mugia usaha anu 
dilakonan teh sing masihan berekah tur mangfaat boh ka kulawarga oge lingkungan 
sakitarna. Tah tidinya sakudak sakedik dikumpulkeun... diputer... digeol... 
digitekeun akhirna cukup we lah keur kahirupan sapopoe mah teu kedah gali 
lobang tutup lobang ngahutang di unggal bank ;)).

Cobi geura ayeuna di urang mah nuju usum na teh munjung ka Bank... sautak 
saeutik minjem ka Bank... sautak saeutik ngadamel kartu kredit kanggo ngutang 
;)).. aya pergeseran paradigma anu tadinya alat pembayaran janten alat ngutang 
... padahal gelooo bunga edun suredun sataun bisa 40% ;)). Tungtung-tungtung di 
udag-2 Ambon weh (baca: debt collector ;)). Sae pisan upami minjem kanggo usaha 
anu jelas engke piuntungeun nana sabaraha... tapi upami minjem kanggo poya-2 
meser mobil mewah, rumah mewah, komo deui kawin deui taaah eta panginten anu 
rieut tur matak seuhah teh hehehe.

The principle of leuit... the principle of mitembeyan, jrrd teu 
dilaksanakeun... tos lali tina purwadaksina... tangtosna .. the balance of the 
universe ieu bakal janten pakojot ;)). 

Salam Munjung Kanu Agung Mumuja Kanu Kawasa,
A
Ka saha... Ka Gusti Anu Maha Agung tur Maha Kawasa tea ;).. ceuk urang sunda 
heubeul mah... Batara Tunggal... ceuk urang Islam mah Gusti Alloh. Ceuk urang 
Agnostic mah ... The Unknown saurna... alias anu teu terang tea... beyond our 
knowledge tea ;)).

 
  ----- Original Message ----- 
  From: waluya56 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, May 29, 2007 4:48 PM
  Subject: [Baraya_Sunda] Re: Bade Tumaros Perkawis Munjung ?


  > Dadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
  > Punten sim kuring bade tumaros. Manawi aya anu tiasa masihan 
  > katerangan tina perkawis.... MUNJUNG, MUJA, NYEGIK, NYUPANG SSJB. 
  > Naha leres hal ieu aya dina kanyataanana atawa ngan saukur silib 
  > pikeun ngagambarkeun sifat jalma sarakah anu ayeuna nerekab dimana-
  > mana ? Mangga ka para sepuh, punten hoyong dipasihan bongbolongan.

  Hehehehe .... Kang Dadi, lamun beunghar bisa ku munjung, meureun jalma 
  teu kudu ngalakukeun maksiat atawa kajahatan (kriminal) keur neangan 
  harta banda, mending munjung we, da engkena bakal sarua wae, (cenah) 
  bakal asup ka naraka.

  . 
   

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke