Saleresna mah gampil pisan mun hayang beunghar dina hartoes "financially adequate in relative sens", asal urang tiasa nempatkeun hakekat kecap "gengsi" dina hirup urang. salah sawios anggota kumpulan Moge Lux Harley Davidson teh aya bandar sayur di pasar Induk Kramat jati...teu gengsi..dagang meureun jengkol..peutey....nangtung dina kios anu pas nangtung subuh2 deuih..asal omzet na ton2an...Motorna oge pangaos 200 jutaan........
--- Aasep <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kang D n' Bah W, > Saur Mama Kuwu mah di lembur kieu saurna fatma eeeh > fatwa na teh... urang mah kedah munjung kanu Agung > sareng muja kanu Kawasa taaah saha deui anu Pang > Agung-na sareng Pang Kawasana ingang ti Gusti Nu > Maha Kawasa Nu Maha Murbeng Alam ;)). > > Janten upami munjung ka dedemit atanapi ka bagong > atanapi ka ifrit mah atuuuh eta mah ngarendahkeun > diri sorangan ;))... kadang mah sok lucu kitu nya > ;)). Upami abdi mah mikirna simple wae... Bill > Gates, Steve Jobs, Juragan Ford, Juragan Honda, > Juragan atoyoT, juragan Google, Juragan Yahoo ;)). > pan eta tiasa beunghar tur makmur teh sanes ku > munjung kanu kitu patut pan ;)). Eeeeh duka ketang > upami saleresna mah... Bill Gates sareng Steve Jobs > teh rutin kitu sabenerna miara bagong misalna nyegik > hahaha. > > Asaaan mah teu aya kacaritakeun nu beunghar bener- > bener beunghar munjung ;))... Mama Kuwu weh dilembur > kacaritakeun cukup mahardika dina cash flow na sanes > beunghar tapi cekap kitu... da nya eta geuning... ti > susruk ti dungdung ... indit subuh balik peuting > usaha sateker kebek dilakonan keur neangan rejeki > anu saeutik ;)). Taaah bari jeung munajat ka nu > Kawasa mugia usaha anu dilakonan teh sing masihan > berekah tur mangfaat boh ka kulawarga oge lingkungan > sakitarna. Tah tidinya sakudak sakedik > dikumpulkeun... diputer... digeol... digitekeun > akhirna cukup we lah keur kahirupan sapopoe mah teu > kedah gali lobang tutup lobang ngahutang di unggal > bank ;)). > > Cobi geura ayeuna di urang mah nuju usum na teh > munjung ka Bank... sautak saeutik minjem ka Bank... > sautak saeutik ngadamel kartu kredit kanggo ngutang > ;)).. aya pergeseran paradigma anu tadinya alat > pembayaran janten alat ngutang ... padahal gelooo > bunga edun suredun sataun bisa 40% ;)). > Tungtung-tungtung di udag-2 Ambon weh (baca: debt > collector ;)). Sae pisan upami minjem kanggo usaha > anu jelas engke piuntungeun nana sabaraha... tapi > upami minjem kanggo poya-2 meser mobil mewah, rumah > mewah, komo deui kawin deui taaah eta panginten anu > rieut tur matak seuhah teh hehehe. > > The principle of leuit... the principle of > mitembeyan, jrrd teu dilaksanakeun... tos lali tina > purwadaksina... tangtosna .. the balance of the > universe ieu bakal janten pakojot ;)). > > Salam Munjung Kanu Agung Mumuja Kanu Kawasa, > A > Ka saha... Ka Gusti Anu Maha Agung tur Maha Kawasa > tea ;).. ceuk urang sunda heubeul mah... Batara > Tunggal... ceuk urang Islam mah Gusti Alloh. Ceuk > urang Agnostic mah ... The Unknown saurna... alias > anu teu terang tea... beyond our knowledge tea ;)). > > > ----- Original Message ----- > From: waluya56 > To: [email protected] > Sent: Tuesday, May 29, 2007 4:48 PM > Subject: [Baraya_Sunda] Re: Bade Tumaros Perkawis > Munjung ? > > > > Dadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Punten sim kuring bade tumaros. Manawi aya anu > tiasa masihan > > katerangan tina perkawis.... MUNJUNG, MUJA, > NYEGIK, NYUPANG SSJB. > > Naha leres hal ieu aya dina kanyataanana atawa > ngan saukur silib > > pikeun ngagambarkeun sifat jalma sarakah anu > ayeuna nerekab dimana- > > mana ? Mangga ka para sepuh, punten hoyong > dipasihan bongbolongan. > > Hehehehe .... Kang Dadi, lamun beunghar bisa ku > munjung, meureun jalma > teu kudu ngalakukeun maksiat atawa kajahatan > (kriminal) keur neangan > harta banda, mending munjung we, da engkena bakal > sarua wae, (cenah) > bakal asup ka naraka. > > . > > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > ____________________________________________________________________________________ Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story. Play Sims Stories at Yahoo! Games. http://sims.yahoo.com/
