--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> nyaritakeun soal sajarah Islam di pulo-pulo Kidul-wetan ieu. Padahal > sabenerna nu disebut Umat Islam di Pulo KIdul-wetan teh kaasup loba > pisan. Sigana urang salawasna dianggap "ANAK BAWANG", boh ku urang > kulon (maksud teh urang bule) atawa oge ku urang Timur Tengah. > > Cik kira-kira kunaon tah, karajaan2 Islam di Indonesia tara kasebut- > sebut dina Sajarah Dunya soal Islam? > Kang W, Wah... poin nu hade tah. Bener... keuna oge lebah istilah 'anak bawang'na! Basa keur sakola... (kabeneran di sakola Islam pisan), sok diajar tarih atawa sajarah Islam. Da bener... anu diajarkeun teh penyebaran Islam sacara politik di Wetan Tengah, kaasup papaseaan antar dinasti. Malah... jauh2 ge, masalah dinasti Spanyol kidul mah mani panjang lebar 'dipelajari'. Anu disebut karajaan (kasultanan)Islam di Asia beulah kidul (wetan) mah teu kasabit2. Naha enya TEU dianggap Islam kitu? Teuing... jadi teka teki oge euy! Anu disebut 'khalifah'teh... kudu Arab, Iran, Turki wungkul kitu? Bangsa urang kaci teu jadi khalifah? Sing sumpah... kuring mah embung boga presiden urang Arab, Turki atawa Iran...sabab, pasti moal beda jeung dipresidenan ku urang Walanda atawa Portugis! Ketah... aya urang Sunda nu geus jadi khalifah... Kalipah Apo tea he he he... baktos, Rahman
