> From: "Budak Baong" <[EMAIL PROTECTED]> > Jadi emang bener urang Islam di urang mah resepna kana simbol > wungkul.
Ah Kang BB .... ari soal ieu mah, lain Islam di urang wae, dalah nagara-nagara di Timur Tengah ayeuna oge jijieunan urang kulon, pangpangna mah Inggris. Baheula wewengkon nu jadi nagara-nagara Arab ayeuna teh asup kana kakawasaan Kasultanan Turki. Tah ku "jasa"na Inggris, wewengkon ieu jadi jadi nagara-nagara Merdeka leupas ti Turki ( Arab Saudi, Irak, Yordania, Suriah .....). Tokoh legendaris Urang Inggris nu jadi sobatna urang Arab, katelahna "Si Lawrence ti Arab" (Lawerence of Arabia) nu filmna diputer sababraha kali di Stasiun TV urang. Iraha eta teh? ampir sazaman jeung Tuan Snouck di Indonesia . Ngan ari Tuan Snouck mah intelektual ari si Lawrence mah tantara barangasan, sarua jeung sobat-sobatna nu para Pangeran (kapala suku) Badewi di sagara keusik nu panas jeung garing ..... Jadi? Teu kudu"minder" lah, palebah dieu mah ..... Baktos, WALUYA
