> From: "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> Subject: [Baraya_Sunda] dihakan eh... ngahakan maung euy?

Perkara maung, kuring jadi inget, baheula waktu kuring boga pagawean 
(ngebor) di Karang Agung Tengah Sumatera Selatan. Ieu tempat hara-haraeun 
pisan. Ti Palembang kudu tumpak speed boat ka hilir walungan Musi, geus 
deukeut selat Bangka, belok kana kanal nu ngahubungkeun walungan Musi jeung 
Walungan gede deui dikalereunana, Air Hitam (Di saluran ieu kapal Silk Air 
murag). Ti Air Hitam asup deui ka anak walunganana, Sungai Lalang. Tah 
Karang Agung Tengah teh aya di sisi Sungai Lalang. Ti Palembang perlu waktu 
5-6 jam tumpak speed boat, lamun tumpak "klotok" mah bisa sapoe-sapeuting!

Caritana, kuring bareng jeung pagawe Irigasi PU Palembang tepi ka darmaga 
Karang Agung Tengah, geus rada sore. Tempat digawe aya sakilo satengahna ti 
darmaga. Rada bingung oge waktu turun tina speed boat teh, da sabudeureunana 
ukur leuweung, ngan kabeneran barudak nu ngebor araya di dermaga, keur 
ngaruseup. Jadi teu keueung leumpang nuju tempat digawe teh. Si Di, tukang 
ngebor nyaritakeun, cenah dua poe kamari mah, babaturanana si Giman, 
sosorangan nguseup di Dermaga tepi ka poho balik. Geus poek kakara balik 
bari ngajingjing lauk.  Keur leumpang we ......ari gaur teh sora maung 
(sigana). Si Giman panik, ber lumpat satekeber kebek ka base-camp,. Waktu 
tepi, guprak weh maneh ngagoler, walahwah-weuleuhweuh, satengah kapaehan 
.....

Ngadenge dongeng si Di teh, kuring jadi keueung, untung geus deukeut ka 
base-camp. Di Base Camp kasampak si Giman, ceuk si Di teh:" Tah Pa, si Giman 
nu  ngajehjer dua poe kamari teh, soak ku sora maung!"

Ceuk kuring teh, rada sompral, maksud teh heureuy: " Ah Giman, make sieun 
sagala ku sora maung, lamun maung ngagaur  eta lain rek ngerekeb, tapi 
neangan bikang!"

Na ari beketet teh si Giman teh baeud. Rada reuwas oge, manehna baeud, 
meureun ceuk jero hatena: "ah .....bapa mah teu ngarasakeun kumaha soakna 
ngadenge sora maung!"

Meuting sapeuting di base-camp teh, isuk sorena kuring balik, da pagawean 
geus anggeus. Si Giman ngilu rek ka Palembang da aya beulieun. Kuring 
saparakanca kudu nungguan speedboat jam 10 peuting nu ngaliwat sabab darmaga 
Karang Agung Tengah lain tujuan speed boat pangakhirna. Tepi ka darmaga teh 
sore keneh. Kesel oge nungguan, komo geus poek mah, ampir teu kaciri 
naon-naon jeung eta reungitna mani loba pisan. Si Giman karunyaeun, nitah 
kuring  nungguan di saung we, 100 meter ti dermaga, manehna jeung pagawe PU 
nu rek nyegat speedboat. Nya kuring nungguan di Saung. Si Giman dudurukan 
dihareupeun saung, ngarah rada caang, da senter mah dibawa ku manehna, keur 
mere tanda ka supir speed boat aya panumpang di Darmaga. Teu karasa 
lelenggutan ,terus gegelehean, sirah diganjel ransel  ....ker weh sare.

Satengah ngalindur waktu kuring ngadenge aya sora speed boat, gancang 
ngorejat, gigisik bari luak-lieuk, kaditu-kadieu poek mongkleng teu kaciri 
naon-naon da dudurukan geus pareum. Korosak-korosak aya sora dihareupeun 
saung, ditelek-telek teu kaciri nanaon da poek. Gurusuk-gurusuk sora nu 
kaditu-kadieu, kuring beuki cungas-cingeus, tapi angger teu katempo nanaon. 
Teu karasa muringkak bulu punduk. Gancangan gegebrig supaya eta nu 
gugurusukan dinu poek teh nyingkah. Na atuh ari gurusuk teh di kolong saung 
bari aya sora sesegrok. Kacida reuwasna, tuur jadi leuleus, gancangan 
gogorwokan ka Si Giman: "Giman ....Giman ...tulung ....senter ...kesinikan"

Si Giman teu nembalan, sigana saru jeung sora speed boat nu beuki 
ngadeukeutan darmaga. Kuring beuki sieun, gek weh cingogo bari kadak-kodok 
kana saku, kacekel paneker, cekes ...cekes dihurungkeun, bray rada caang 
....tapi keukeuh kaluar mah teu katempo nanaon,  Paneker diacung-acung, 
maksud teh hayang katempo kaluar saung, leungeun jadi kapanasan da paneker 
hurung wae. Nu gugurusukan teu kadenge deui. Teu lila aya senter baranyayan, 
kurunyung si Giman bari nanya: "Pa ...pa ....speed boat geus datang, eta 
kunaon cingogo kitu, bari paneker diacung-acung?"

"Soak urang mah euy, aya nu gurusukan tah diluar jeung dikolong"

"Ah borangan bapa mah, kakara ge ku sora bagong neangan cacing geus soak, 
komo ku sora maung",  ngomongna teh siga nu meupeus keuyang pedah kuring 
kamari nyebut lamun maung ngagaur lain rek ngerekeb, tapi neangan bikang 
........

Baktos,
WALUYA 

Reply via email to