> "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Ari di TS masih keneh aya maung teu nya? Geus tumpur sigana mah?

Tinggal dongengna Kang, Maung Lodaya di Tatar Sunda mah. Kungsi maca 
cenah waktu Junghun (panaluntik nu mawa kina ka TS) tepi ka basisir 
Jampang tempat penyu ngendog, eta basisir teh "rame" kunu pesta 
endog penyu, kaasup "si Belang". Ayeuna mah kukulibekan didinya moal 
manggih deui si belang ....iwal ti dongengna.

Kungsi aya beja cenah di suaka Blauran Jawa Timur, aya tapakna, 
kokoet dina tangkal. Malah kungsi diiberkeun ka sing saha wae nu 
bisa motret si Belang rek dibere hadiah. Tapi teu kungsi kabejakeun 
aya nu bisa motret jeung meunang hadiah.

Tapi ari macan tutul/ kumbang mah aya keneh Kang di TS teh. Malah 
sababraha taun katukang, kabejakeun aya nu ditewak ku pihak Taman 
Safari di Bogor, da eta sato teh "ngadon nganjang" ka kompleks Taman 
Safari.

Baktos,
WALUYA 



Kirim email ke