Miluan euy!

Kuring mah kurang resep urusan bubar2an teh. Dina hal ieu kuring
kurang satuju mun nagara larang2an. 

Lain kuring pro FPI! Sabab mun nempo kalakuan FPI mah teu beda jeung
preman terminal beus! Parakatangtang pereketengteng bari teu puguh
mandat na.

Sacara iman politik, kuring mah kaasup boga iman politik liberal. Dina
aturan politik liberal. Dina aturan liberal mah tiap jelema boga HAK
jang ngumpul jeung berserikat. FPI jeung AHmadiyah boga HAK nu sarua
ngaorganisasi maneh.

Anu jadi beungeburat kuring mah lebah FPI, maranehna sok ngarasa
kawasa sorangan jeung nempatkeun maneh di luar hukum.  Bandingkeun
jeung Ahmadiyah, ganggu naon urang Ahmadiyah ka urang?  Pernah
ngadeneg aya urang Ahmadiyah ngagebugan urang Sunni?

FPI keur sakuringeun mah teu perlu bubar. Anu kudu dipecut mah pulisi,
jaksa jeung hakim sina NANJEURKEUN hukum ieu nagara. Mun FPI
ngalanggar hukum, nya KUDU dihukum. Oge arganisasi ( atawa pribadi) 
sejen na anu ngaruksak tatananan hukum.

Mun koridor hukum dijalankeun ku sarerea.... henang hening meureun
nagara teh?

Ayeuna parasesa... marebutkeun naon atuh? PAISAN KOSONG!!!

baktos,

Rahman

Reply via email to