Naon ari 'ilmiah' teh? :-)
Numutkeun kuring mah basa naon wae tiasa dianggo pikeun panalungtikan
ilmiah.
Perkawis istilah-istilah kosta, kantun dialihbasakeun ku nganggo aturan anu
tos didefinisikeun.

Nu aya mah nyaeta bangga (alias males) nganggo basa Sunda.

--
Dian

2008/6/18 Rahman <[EMAIL PROTECTED]>:
Enya kitu Kang MH,

Kuring oge baheula jaman masantren KUDU nulis paper dina BS. Ngan anu
jadi masalah ngan ukur dina ruang lingkup anu heureut. Sakulibek
jurusan basa jeung sastra Sunda wungkul di UPI jeung Unpad.

Mun dititah nulis anu rada ilmiah, kuring ge leuwih tapis (asa na eta
ge he he he)dina BI tinimbang dina BS.

Deuih, masalah na perkara basa ilmiah BS kasabet ku kecap 'mun daek'.
Sacara umum peristilahan ilmiah BS bisa dianggap nuhil. Teu kitu
kumaha, pan euweuh publik na ruang lingkup BS dina wilayah kailmiahan.
Tong boro buku2 ilmiah, dalah majalah semi ilmiah, jurnal semi ilmiah
ge apan teu sajendol2 acan?

Ngilmiahkeun BS kacegat ku basa ilmiah di RI, nyaeta basa Indonesia.
Kumaha cara na ngilmiahkeun BS? Sigana mah kudu aya upaya politik basa
(nasional) anu leuwih mere lolongkrang kana kamajuan basa daerah
(kaasup basa Sunda).

Aya cara nu sejen na? Sok ah, urang palikiran! ;))

baktos,

Rahman


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke