On Wed, Jun 18, 2008 at 8:08 PM, Rahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> --- In Baraya_Sunda@yahoogroups.com, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>>
>> Eta dua conto di luhur, cukup teu keur bukti, yen lamun daek mah basa
>> Sunda ge, bisa dipake pikeun basa ilmiah.
>>
>
> Enya kitu Kang MH,
>
> Kuring oge baheula jaman masantren KUDU nulis paper dina BS. Ngan anu
> jadi masalah ngan ukur dina ruang lingkup anu heureut. Sakulibek
> jurusan basa jeung sastra Sunda wungkul di UPI jeung Unpad.
>
> Mun dititah nulis anu rada ilmiah, kuring ge leuwih tapis (asa na eta
> ge he he he)dina BI tinimbang dina BS.
>
> Deuih, masalah na perkara basa ilmiah BS kasabet ku kecap 'mun daek'.
> Sacara umum peristilahan ilmiah BS bisa dianggap nuhil. Teu kitu
> kumaha, pan euweuh publik na ruang lingkup BS dina wilayah kailmiahan.
> Tong boro buku2 ilmiah, dalah majalah semi ilmiah, jurnal semi ilmiah
> ge apan teu sajendol2 acan?
>
> Ngilmiahkeun BS kacegat ku basa ilmiah di RI, nyaeta basa Indonesia.
> Kumaha cara na ngilmiahkeun BS? Sigana mah kudu aya upaya politik basa
> (nasional) anu leuwih mere lolongkrang kana kamajuan basa daerah
> (kaasup basa Sunda).
>
> Aya cara nu sejen na? Sok ah, urang palikiran! ;))
>

Kang RH, ceuk uing mah BI teu kudu jadi panghalang, duanana ge
penting. Jadi lebah dieu mah wayahna kudu akur jeung konsep poligami,
yen nyandung teh halal, jeung teu ngarempak aturan, boh aturan agama
oge nagara. Eh naha kana nyandung nya? Maksud teh kieu, ngamajukeun BI
jeung BS bisa paralel, bisa dicandung, teu perlu nu hiji jadi hahalang
nu sejen.

Lamun aya kahayang migunakeun Basa Sunda dina publikasi ilmiah, ceuk
toongan uing mah kiwari lolongkrangna leuwih terbuka kang euy. Tong
poho apan jaman kiwari teh ceuk karuhun jaman digital cenah. Naon
salahna mun urang nyeiun Jurnal Ilmiah make basa Sunda. Apan kiwari
mah teu kudu menta ijin sagala keur nyieun nu kieu teh, moal aya nu
ngahalangan.

Pek geura kang geura ngabaladah nyieun Jurnal Ilmiah Basa Sunda, daek
teu? Apan pangeusi ieu milis teh lumayan beragam profesina. Aya tukang
ngaliang, Bah Willy; aya tukang minyak, Bah Iwa; aya tukang batu, Ambu
Diana; aya tukang Walanda, kang RH; aya tukang noong, uing; jeung
rea-rea deui baraya lainna. Jigana lamun genep bulan sakali mah nulis
artikel rada ilmiah dina perkara masing-masing, make basa Sunda, terus
publikasikeun online, jadi tah jurnal digital teh.

salam,
mh

Reply via email to